Gunung Hawu Inggis Kari Lebu

Ku AMIN R. ISKANDAR

SAPANJANG jalan raya dibénténg ku batu warna bodas. Pabrik ngajéjér nepi ka daérah Citatah. Hawa karasa panas. Sabab cahaya matahari dibalikkeun deui ku warna bodas tina batu campur jeung haseup nu ngelun tina hawu pabrik.

Kéncaeun jalan ngajurungkunung gunung. Saliwat mah euweuh anu anéh. Saéstuna gunung, di mana-mana ogé sarua. Tapi mun ningali tukangeun gunung, réa jalma anu keur ngulangkeun martil mékprékkan batu. Malah aya béko, dipaké keur ngabongkar batu kapur.

Kitu kaayaan sabudeureun Gunung Hawu kiwari. Ieu téh ayana di Padalarang, Kabupatén Bandung Barat. Perenahna di lembur Lampegan. Mun disorang ti Bandung, ayana teu jauh ti Situ Ciburuy, anu kakoncara hérang caina tur laukna hésé dipancing.Pangna disebut Gunung Hawu, sabab wangunanna méh mangrupa Hawu, ilaharna hawu paragi nyangu. Aya cekungan alami; lébarna 30 m jangkungna 70 m. Éta cekungan ngembat luhureun gawir, kira-kira 30 m luhureun jalan satapak tur pinuh ku jukut.

Lamun rék ngajugjug ka Gunung Hawu nepi ponclotna, leuwih hadé disorang ti lembur Cidadap. Jalan ka dinya mah bakal ngaliwatan pasawahan jeung kebon jambu batu. Salian ti iuh, dina wanci lapar urang bisa ménta jambu keur ganjel beuteung. Ti lembur Cidadap mah katingalina éndah pisan. Siga lukisan atawa gambar anu ditingali ti kajauhan.

Sababaraha kali kuring naék ka Gunung Hawu nepi ka puncakna, jeung barudak PasPoed. Unggal ngaliwat ka dinya sok ngarasa prihatin. Inggis hiji waktu gunung téh tinggal lebu, ku lobana urang dinya ngala batu.

Cék katerangan urang lembur Lampegan, kasab ngala batu kapur téh lain kasab anyaran. Tapi pakasaban nu geus ilahar ti mimiti taun 50-an. Paingan kaayaan gunung téh satengahna geus ampir béak.

Kuring kungsi nyelok ka nu keur digawé. “Hiji waktos mah ieu gunung téh bakal séép, nya?” Jawabna téh, “Ah, boa taun iraha séépna ogé, Jang,” siga nu euweuh kahariwang, kumaha nasib anak incuna ka hareup.

Pantes lamun T. Bahtiar kungsi nyebutkeun yén hiji waktu mah teu mustahil titinggal sajarah kayaning Gua Pawon, Gunung Pabéasan, di daérah Citatah bakal leungit tina ingetan koléktif urang Sunda.

Pikahariwangeun

Aya sababarasa faktor pangna kasab ngala batu terus dilakonan.

Kahiji, éta gunung téh dipimilik ku salah saurang masyarakat sipil, lain tanah pamaréntah. Kungsi nyaksian aya gunung kapur keur ditugar, cék sakaterangan saliwatan nu bogana téh urang Garut. kangaranan milik sorangan, rék dikitu rék dikieu gé teu jadi halangan. Najan nepi ka dibitukeun maké dinamit gé teu nanaon, malah mun keur dibitukeun ku dinamit sok disaksian ku pulisi, mana kitu gé éta téh légal, teu ngarempak aturan hukum.

Kadua, urang Lampegan ngarasa diuntungkeun. Hasil tina ngajual batu kapur bisa nganapakahan kulawarga, nyakolakeun barudak, malah kaitung loba nu nyuprih élmu di paguron luhur, jeung loba nu kabeuli motor.

“Margi tos kirang lahan kanggo tatanén, badé milarian damel nu sanés ogé tebih. Ari di dieu mah, salian ti caket, damelna gé tiasa saban waktos, kantun daékna,” kitu cék pangakuan urang dinya nu sapopoéna ngala batu.

Batu kapur téh dijual ka pabrik molah batu. Saton batu dihargaan Rp. 8.000, handapna Rp. 4.500. Ari carana, nu ngala batu nyéwa lahan ka nu boga tanah sabulan sajuta. Ngalana mah samar waktu, kumaha kadaék. Aya kalana indit beurang mulang asar, atawa indit isuk mulang soré. Dina usum ngijih mah tara maksakeun ngala batu téh, da leueur ku cai hujan.

Dina sapoé, ngala batu téh bias nepi ka sapuluh ton. Nyeueung kana hasilna, nu ngala batu teu ngarasa rugi. Sabab ongkos ngakut batu ka pabrik biayana sarébu rupia saton.

Sanggeus asup ka pabrik, nu ngala batu teu nyaho naon-naon, malah siga anu teu hayang nyaho. Cék sababaraha katerangan, batu nu geus diolah, dikirim ka sababaraha daérah di Indonésia. Malah aya nu ka mancanagara, kayaning Jepang, Singapur, jeung Amérika deuih.

Ilaharna, hawu téh sok ngahasilkeun lebu. Hawu téh pakakas dapur nu kacida raketna jeung kahirupan urang Sunda bihari. Gunung Hawu tangtu boga sajarahna sorangan keur urang Sunda, khususna urang Lampegan. Mun hiji waktu tinggal lebu, nasib gunung Hawu sarua jeung nasibna hawu anu geus teu dipikawanoh ku barudak Sunda kiwari.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s