Raheut

REBO kaopat bulan puasa. Panon poé nété tarajé langit simpé. Lénglang. Lewang. Matak jauh panineungan. Méga bodas ukur ngaliwat digiringkeun ku dalingding angin. Lembur langka ti sora manusa. Éstu jauh ti imah tatangga. Kalan-kalan sora hayam bikang keketok, rék ngendog. Hayam jagona kongkorongok.

“Jang, cing beresihan jukut nu ngahunyud na témbok hareupeun imah téh. Tilu poé deui lebaran. Dulur ti kota tangtu ngaranjang, najan bapa manéh geus teu aya di kieuna. Pan geus biasa kitu unggal taun. Ari resik mah batur bakal betah. Urang gé moal éra,” hawar-hawar sora indung ti jero imah.

Kunial Nima hudang. Saré isuk teu weléh karasa ni’matna. Komo bulan puasa. Saéstuna kitu kagiatan Nima mun balik ti kota. Rék beurang, rék peuting. Najan teu meneran bulan puasa, sarua waé beuki saré. Lembur nyingkur katut angin ngahiliwir, sora cai nu ngaracak, matak betah nganyam bulu panon. Lain cék béja, dalah nu ngadon nganjang gé sok rajeun milu saré.

Harita minangka poé kadua cundukna di lembur. Mun lain paréntah indung mah, wegah teuing kudu ngejat nyingkahan simbut. Tapi teu bisa majar kumaha. Léos ka tampian hareupeun imah, pagigir-gigir jeung balong. Ngumbah beungeut. Mérésan buuk nu kusut.

Lieuk ka kénca, ngabagi paneuteup ka sabudeureun balong nu ngan sagowok. Enya wé témbokna geus dipapaés ku rupa-rupa jukut. Kangaranan geus bubulanan ditinggalkeun, tangtu taya nu miara. Indungna geus rémpo. Moal kaduga mun kudu meresihan jukut. Pon kitu kénéh lanceukna, béak waktu ku ngaropéa sawah manéhna.

Brus ancrub ka balong. Teu lila ngulang-ngulangkeun parang, ngababad jukut nu ngajejembrung. Suku karasa renyem ku sungut nilem nu ngagerenyem. Nalika datang bawal nyampeurkeun, gura-giru ngejatkeun suku. Cai jadi kiruh. Cilaka mun digégél ku bawal mah, pikir Nima. Sakitu huntuna ranggéténg blég huntu jelema. Malah leuwih seukeut.

Bérés mabad jukut, indungna ngahiap ka makam bapana. “Geus sataun teu ngalongok makam bapa manéh, Jang. Jigana geus bala. Hayu atuh urang téang sakalian beberesih.” Geus jadi adat rayat pilemburan, mun nyanghareupan lebaran ngadon meresihan sabudeureun makam.

Kalacat kana tambakan. Gék diuk na téras. “Ké, Mah, reureuh heula sakedap,” cék Nima bari ngalungsar, lungsé. Sawatara waktu ngararasakeun beuteung kosong. Leuleus karasana. Panas ongkoh matak halabhab. Mun teu éra, boh ku kolot pon kitu kénéh ku Pangéran, hayang lumpat ka dapur nguyup cai sawaregna. Di kota mah iraha teuing kudu nyabutan jukut, dalah ngarampa gé tara.

$

Nima nyawang ka jauhna. Amparan sawah nu ngeplak héjo ukur dijieun cukang. Cukang nu nganteur sawanganana ka mangsa opat taun nu geus kaliwat. Mangsa nu mustahil kasorang deui. Saéstuna, perkara nu pohara jauhna téh nya mangsa ka tukang pisan. Najan cikénéh ngajorélat moal kudu kaalaman deui. Jauh pisan.

Kalangkang penineungan eunteup na lamunan. Ras inget mangsa sok ilubiung nyawah jeung bapana, nu makamna rék dilongok. Ti mimiti ngoréd galengan, mendetan, katut ngagaru. Kitu téh pédah sok kabeneran keur peré sakola datangna wanci nyawah téh. Kalan-kalan sok ngebon tomat, bonténg, cabé, kacang, jeung jagong.

Tanaga kolot teu kawas tanaga pamuda. Mun gawé tara kuat lila. Sagecruk dua gecruk gé sok buru-buru nyisi kana galengan. Ngan meunang na urusan pangalaman. Kusiwel ngaluarkeun bako. Gék diuk dinu iuh, sisieun walungan. Terus ngalinting, kelepus udud bangun ni’mat pisan.

Nima surti, mun bapana geus kitu cicirén ngajak ngawangkong. “Gawé mah sahayuna wé, Jang. Capé mah reureuh heula di dieu,” bapana ngahiap. Sok disampeurkeun bari pipilueun ngalinting. “Aya mahasiswa ngalinting bako. Matak gé tong hayang udud mun can bisa naék tangkal kawung,” bapana ngalédék bari ngéhkéh.

“Naha silaing mah macul téh katingali bari igel-igelan, Jang,” bapana muka wangkongan. Nima teu langsung ngajawab. Peledug ududna diseungeut. Haseup linting dikepuhkeun alon pisan. Bray kupluk leupas tina sirahna. Écés katempo nu nyocokan ceuli. “Horéng silaing téh bari ngadéngékeun tembang,” cék bapana hélok.

“Wokmén, Béh,” walon Nima.

“Cing ngajaran. Saumur nyunyuhun ieu hulu Apa mah can wawuh ka nu kitu téh. Ti mana boga wokmén?”

“Mésér ti réréncangan, Béh. Lumayan batur simpé.” Nima nyodorkeun wokmén. Rap ku bapana dipaké. “Bedul téh, teu kaharti laguna gé. Nanahaon ieu mah. Cing ménta lagu Darso, aya teu?” Bapana nyentak bari ngépéskeun hédsét.

“Teu aya, Béh, Darso mah. Bongan sok ngelélan tuda.” Anak jeung bapa ngadu seuri, ngadu haseup linting, terus simpé sawatara waktu.

Unggal ngobrol, bapana sok ménta hampura. Majarkeun téh teu bisa nyugemakeun nu jadi anakna. Najan disakolakeun ka paguron luhur, bapana can bisa mekelan. “Da bongan silaing éta mah , Jang. Geus nyaho kolot sakieu buktina, anéh-anéh waé bet hayang kuliah. Saha atuh di urang nu sakola ka paguron luhur. Dalah nu beunghar gé teu kadugaeun. Apa mah teu bisa nyarék. Bagja wé mun budak nanjung. Hampura, unggal manéh miang ngan dianteur tur dilongok ku do’a.”

“Nuhun ku kitu gé, Béh. Do’a ti sepuh mah buktos kanyaah, panginten. Mun hoyong hirup nanjung mah da kudu nyandung, Béh,” Nima ngawalon bari mésem.

“Asal ulah munjung wé, Jang. Lian ti goréng ku tatangga, Gusti baris bendu. Ari nyandung mah pék waé. Asal silaing payu ka awéwé bari boga selegeng leuwihna,” cék bapana bari ngabarakatak.

Antengna lamunan kagebah sora marmot nu lapar. Ari rét ka indungna, geus jauh ninggalkeun. Mapay galengan. Meuntas walungan. Nyorang leuweung. Astana téh jauh ti pilemburan. Nima gura-giru ngudag indungna, semu lumpat. Sieun leungiteun tapak. Teu maliré jukut nu carinakdak.

$

Cunduk ka astana. Indungna ngajengjen nyanghareupan hiji kuburan, kuburan salakina. Kuburan bapana Nima. Sapu nyéré dikeukeuweuk kénéh, can dipaké.

“Naha tos beresih geuning, Mah?”

“Teuing, Jang. Ku saha nya? Da ti imah mah tacan aya nu ngaropéa, lanceuk manéh gé boa.”

“Seueur nu sumping ka makam pa ajengan mah, Ceu,” sora jalma datang ti tukangeun dapuran awi beulah wétan. Bréh lalaki kolot némbongan. Anyar pinanggih. “Ampir unggal sasih gé aya waé nu sumping. Jalmina mah rupi-rupi, gentos-gentos. Malah sok nyébor sareng ngawurkeun kekembangan,” pokna deui.

“Urang mana?”

“Duka. Rupina mah ti lembur séjén. Sapertos nu tebih da. Abdi gé kirang wanoh,” cék éta lalaki anyar pinanggih bari ngaléos, leungit diteleg pépéngkolan jeung tatangkalan.

Ragamang leungeun katuhu Nima kana dada kénca. Kerewek dirames rada tarik. Peurih. Lir aya nu nurih ku hinis, disisit ku daun eurih. Rék ceurik éra ku indung. Sirahna ngeluk tungkul, neuteup tetengger. Cindek lebah sirah kuburan.

Gék cingogo. Leungeun kénca ngusapan témbok kuburan alon pisan, blég jiga ngusapan awak bapana basa keur gering ripuh. Tilu minggu lilana, Nima ngaulaan bapana nepi ka tilar dunya. Nya basa gering pisan bapana kungsi nyarita. “Gering jeung maot téh dua perkara bawaan hirup, Jang. Tong hariwang. Dalah satékah polah ngejat gé tetep bakal datang. Tinggal tarimakeun. Sabab éta téh tandana urang hirup. Narimakeun sarua jeung sukuran. Meureun manéh leuwih nyaho. Apa mah da teu kungsi sakola. Kungsi ngaji gé saukur ngalong.”

“Hampura, Béh,” gerendeng haténa. “Kainget nu jadi anak jauh teu sagedé kainget batur. Padahal boa saha, datang ti mana, tur naon pamaksudanana.” Haté Nima terus galécok, gandéng. Ngan manéhna nu bisa ngadéngé. Indung nu dihareupeun teu apal gumuruhna haté Nima.

Bareng jeung galécokna haté, sawangan leuwih jauh ngalayang. Tangtu ku kitu na téh. Sabab, bapana minangka guru pang bijaksanana. Boh na urusan agama. Boh urusan falsafah kahirupan. Boh cara nangtukeun sikep diri kahareupna. Bapana pisan nu nyieun nineung ka lembur téh. Sabab weléh manggih atikan hirup nu teu kapanggih di paguron luhur.

Sabenerna, lain ukur éta nu matak nyeri. Tapi sieun. Palangsiang. Réa jalma nu datang pikeun ngalap élmu. Miharep berkah. Ménta kakuatan. Néangan dunya, jsb. Dalah keur hirup gé sok loba sémah nu teu pararuguh.

Nima yakin, lain harepan nu jadi bapa mun éta bener kajadian. Sabab bapana pisan nu nyarék manéhna munjung. Najan teu sagala boga, sikep narima kanu dipibanda tangtu nganteur manusa kana kabagjaan. Asal ihtiar, asal iyatna néang dunya kalayan halal.

“Lamun téa naréangan barang nu dianggap jimat, naha teu datang wé atu ka kuring?” Galécok haténa deui. “Sabab écés kabéh gé aya di kuring. Milaur beurat mamawa. Da ngampihan téh lain  ku hayang. Ngan saméméh tilar dunya, bapa maksa kudu narima.”

Bari nyanghereup ka kulon, Nima sidakep mapatkeun do’a. Indungna ngaaminan di gigireun. Teu lila duanana balik ninggalkeun kuburan. “Hayu ah, Béh, uih heula. Bilih lebaran sepi mah, nganjang atu ka bumi,” cék nima bari ngaléngkah. “Gagabah manéh mah ari nyarita téh,” indungna ngagebés. Nima saukur mésem.

Poé geus nepi ka tengahna. Panon poé mencrong lebah emun-emunan. Tangkal awi sing rarekét silih dedet, katebak ku gelebugna angin. Nganteur dua manusa balik ti astana bari mawa carita séwang-séwangan.

“Cing ngarit jukut saeutik, Jang, karunya marmot. Geus dua poé teu pangaritkeun. Nu bogana pan ka Cianjur.” Indungna ngasongkeun arit jeung karung. Ngahaja mawa basa inditkeun. Haté mah embung ngarit téh da teu bisa. Tapi karunya ka marmot. Piraku deui indung nu rémpo kudu ngarit, téga.

Daun jukut nu tadi carinakdak téh marisah jeung akarna, paragat nyawa disabet arit. Haréjo pisan. Matak sugemaeun marmot. Sawatara ngarit, indungna mah geus tiheula balik.

Karék gé meunang sababaraha keupeul, bret leungeunna kaarit. Burial getih kaluar gancang pisan. Beureum tur seger. Nima teu kungsi muringgis. Panonna mencrong neuteup nu raheut. Clak, clak, getih ngeclak diantepkeun. “Raheutna ieu leungeun moal sabanding jeung raheutna haté kuring,” cék Nima na haté. Guragiru ngagayem pucuk sampeu. Pel ditapelkeun kana raheut. Saeutik-saeutik getihna eureun. Terus balik, teu nolih deui ka tukang.

Carpon Amin R Iskandar

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s