Awi Tali Kelas Hiji

Laporan AMIN R. ISKANDAR

KUMNA kadaharan kudu aya dagingan, kumna imah kudu aya awian. Tanpa daging urang bisa kuru sedengkeun tanpa awi urang bisa leungiteun katentreman jeung kabudayaan.” Éta téh kekecapan Pou-Sou-Tung, panyajak ti China, ratusan taun ka tukang.

Pentingna awi téh lain di China wungkul. Awi réa pisan gunana, keur karajinan, keur papaés taman, keur bahan wangunan, jeung kapereluan hirup sapopoé lianna.

Keur urang Paniis, Desa Mandalagiri, Kacamatan Leuwisari, Kabupatén Tasikmalaya, leungiteun awi sarua jeung leungiteun daging, leungiteun katentreman, jeung leungiteun kabudayaan. Sabab kasab réréana urang Paniis ukur ngaropéa awi. Cindekna karajinan anyaman awi.

“Ampir 90% panghasilan masarakat Désa Mandalagiri téh tina awi. Tina karajinan anyaman. Ti kawit budak ngora, ibu-ibu, dugi ka aki-aki, sadayana gé ngadaramel karajinan,” kitu cék Oman (50) ngécéskeun. Oman téh ketua RT 21 Mandalagiri, ogé pupuhu perusahaan karajinan anyaman awi Cahaya Mandiri.

Lembur Paniis téh ayana di kaléreun Singaparna, kira-kira 6 km ti alun-alun. Kiduleun Gunung Galunggung. Ti taun 50-an urang dinya teu leupas ti kasab nganyam awi. Munggaran mah ukur nganyam parabot dapur pakéeun sapopoé. Umpama boboko; tampir; nyiru; ayakan; dingkul; aseupan. Kalan-lalan nganyam keur kaperluan hajat saperti pipiti.

Taun 1981 galunggung bitu. Mimiti datang parobahan. Parabot dapur batan boboko; baskom; dulang; nu dijieun tina bahan palastik mimiti mahabu. Aya ogé boboko tina séng, sangku téa. Rahayat kabongbroy. Konsumén pindah kana parabot bahan palastik. Tukang nganyam cuang cieung. Keueung. Sieun leungiteun pakasaban.

Ku kitu teu leungiteun akal. Satékah polah meres uteuk sangkan teu leungiteun kasab. Sabab moal ngakeul mun teu ngakal. Nya aya nu ngamimitian nganyam Ébég; Jubung; Oval; Tudung Saji; Kotak Eusi 4; Kandang Ayam Set 3 Diameter 30t. 10 cm atawa Diameter 25t. 7 cm. Bahanna tetep awi. Hasilna leuwih mucekil. Najan teu unggal poé pesenan ramé, rahayat teu nepi katalangsara.

“Biasana, pesenan téh ramé pami mayunan Hari Raya. Terutami Hari Raya Imlék, Hari Raya Natal, sareng Hari Raya Idul Fitri. Margi peryogi kanggé kemasan kuéh, nu disebat parsél téa.” Cék Oman.

Nalika pesenan arang, rahayat teu ningalkeun kasab saméméhna. Nganyam boboko; ayakan; hihid; aseupan; jang napakah sapopoé. Pasarna paling salingkung Tasik. Kitu gé pédah sok aya nu ngiderkeun maké tanggungan. Tukang barabadan kasebutna.

Husus pesenan ti luar, karajinan anyaman beunang urang Paniis teu kabéh tina awi. Awi saukur bahan poko. Karajinan dieuyeuban ku tambang pandang, bahanna ti Rajapolah. Tutupna maké méndong ti Manonjaya. Diréka-rékana mah di Paniis. Ti mimiti ngahua, ngaraut, nganyam, ngawengku, nyokoan, ngawarnaan, nepi ka masang tutup méndong.

Mun di China aya istilah home industri, di Paniis mah geus ti baheula. Buktina ieu kréativitas anyaman awi. Malah geus boga peran séwang-séwangan. Aya tukang ngahua jeung ngaraut. Aya tukang nganyam. Aya tukang ngawengku jeung nyokoan. Aya ogé nu purah ngagagangan, atawa masangkeun pangjingjingan. Kitu deui dina widang ngawarnaan, teu sagawayah jelema. Bahan warna nu dipaké cat basis. Aya ogé nu natural, dipulas ku H2O2.

Nalika anggeus di Paniis, karajinan diiyangkeun ka pausahaan bunga di Bekasi. Ka PT. Naditha Creation. Jl. Sadewa V C. 345 Jaka Setia, Bekasi, pikeun dimekarkeun. Ti Bekasi hiber ka Malaysia, Jepang, Saudi, jeung Belanda. Ari kualitas lokal mah paling jauh gé nepi ka Cikini, Jakarta, cék Oman.

Hiji nu jadi kahanjelu. Lembur Paniis teu pati sohor nepi Mancanagara. Jarang nu pesen langsung ka pengrajin. Sabab euweuh nu boga modal weweg, ari lain ngumaha ka Bank mah. Keur bangsa cacah kuricah mah apan ngurahéng ka Bank téh gedé résikona. Rajapolah nu bagéan sohorna téh.

Najan kitu, salaku pupuhu pausahaan, Oman ngarasa gedé haté mun karajinan anyaman urang Paniis moal kungsi ka tumpes. Lian ti kasab turun timurun, ogé meunang dina kualitas awi. “Awi tali Paniis téh kalebet awi tali kelas hiji. Kebon awina aya di dua lokasi. Di daérah Pasir Salam jeung Leuweung Gersik,” Oman nandeskeun.

Di unggal lembur gé awi tangtu aya. Tapi kualitasna moal sarua. Modél béas nu moal leupas ti karéréaan lembur di Indonésia. Pan nu sohor kualitas kelas hiji mah weléh béas Cianjur. Malah geus ngambah ka Mancanagara. Sarua jeung karajinan anyaman.

Taun 2000, salasahiji urang Jakarta mecakan ngawangun Pabrik Karajinan Anyaman Awi di ieu lemur. Pagéwéna nepi ka 400 urang. Pasarna beuki ngalegaan. Cék Oman, hasil Pabrik dikirim ka Swédia. PT. Ikia nu narimana. Kitu deui ka Amérika. Tapi teu lila lantaran pesenan nu teu lana. Ari buruh pagawé weléh kudu dibikeun. Antukna, pabrik tutup. Nu bogana mulang deui ka Jakarta.

Aya tilu perkara nu jadi dasar urang Jakarta nincak ka ieu lembur. Ngandung harti karajinan urang Paniis pinunjul batan nu lian. Kahiji, aya dina kualitas awi. Sakumaha cék Oman, awi nu dipaké ku urang Paniis mah awi tali kelas hiji. Aya ogé awi nu hadé di Cisayong. Tapi da éta mah asupna kelas Dua, kelas nasional, cenah.

Kadua, aya dina kualitas anyaman. Kualitas produksi. Meunang urang Paniis, anyaman awina leuwih rapih tur apik batan meunang urang lembur séjén. Nya kitu téa, bangsa deungeun mah apanan telik. Nu diheulakeun weléh kualitas. Teu guna barang réa ari teu luyu jeung kahayang pasar.

Katilu, aya dina kualitas corak (design). Contona dina Jubung. Ditilik saliwat mah blég dingkul. Bédana dina ukuranana, leuwih leutik. Anyaman kitu deui. Mun dingkul, anyamanana sarupa ti bujur nepi ka hulu. Jubung mah béda. Diliankeun anyaman belah tengahna, jiga aya kembangan.

Ayeuna, pangrajin anyaman sapuk, salila bisa ngulik barang nu nyampak, moal nepi ka pareum usaha. Moal heureut pasar. Sabab nu diitung lain hadé goréngna bahan poko. Tapi kumaha ngaréka bahan poko sangkan ngeunah ditempo. Béda ti nu biasa. Bahan poko mangrupa awi tali kelas hiji geus aya. Tinggal hayang kumaha jeung jadi naon urang bisa ngaropéana.

One thought on “Awi Tali Kelas Hiji

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s