Kari Ngubaran Orok

Laporan Amin R Iskandar

Medal dina Majalah Cupumanik Edisi No. 92 Taun VIII No. 8 Maret 2011

DI Kampung Naga, rupa-rupa ubar kampung geus langka. Urang dinya kiwari geus wanoh jeung ubar warung. Sakalieun karasa rieut, batuk, méncrét, nyeri awak, jeung nyeri panon téh gancang nyiar ka warung baé. Ubarna tangtu sadia.

Warungna gé teu jauh. Geus aya di jero kampung. Dina euweuhna gé, bisa nyiar ka warung di luar kampung. Malah indit ka kota gé geus biasa.

Najan geus kaasup langka, sakapeung sok rajeun aya nu maké kénéh ubar kampung téh. Alesanna keur ngirit waragad. “Komo pami nuju teu gaduh artos pisan mah, nya, nganggo landong kampung baé,” cék Ma Tisah.

Ma Tisah téh hiji-hijina paraji di Kampung Naga. Umurna geus 64 taun. Imahna asup ka wewengkon kalér. Béh kaléreun balé nyungcung. Kahalangan ku saimah ti buruan nu rada lega.

Ngaran Ma Tisah Kawentar nepi ka jauhna luareun Kampung Naga. Sok rajeun ditéang mun aya nu rék ngalahirkeun ti luar kampung gé.

Cék Ma Tisah, ubar kampung gé sarua aya aturanana. Ubar keur budak tangtu béda jeung ubar keur kolot. Ilaharna ubar warung, aya dosis keur budak aya ogé dosis keur kolot. Upamana mun budak katarajang kasakit panas. Gancang ngarieus béas jeung cikur. Balurkeun kana anggahota awak sakujurna. Ti mimiti sirah nepikeun kana dampal suku. Terus, embun-embunana taplokan saeutik. Sok wé budak mah sina saré.

Keur nu déwasa mah béda deui cénah. Leuwih réa piubareunana. Salasahijina dimandian ku cai leuhang. Cai leuhang téh daun jambu, daun nangka walanda, daun jeruk nipis, tangkal panglay, katut daun seureuh nu digodog dina hiji wadah. Geus asak dipaké mandi ku nu gering panas.

Mun kasakit batuk narajang budak. Piobateunana téh cukup ku ngarieus karuk dicampuran apu seupah saeutik. Balurkeun kana kulit tikorona. Lain deui mun éta kasakit tumiba ka nu geus sawawa. Piubareunana téh ku ciduh bari, cénah. “Pami gugah kulem téh ulah langsung kukumur. Nyiduh heula kana dampal panangan. Teras usapkeun kana kulit beuheung. Omat, ngalandongan gé ulah sagawayah. Hartosna kedah sing saé ngabalurna,” cék Ma Tisah bari pepeta. “Mung wayahna, sok bau tujuh rupa ciduh bari mah.”

Ngan, éta ciduh téh lain sambarang ciduh. Lantaran dina waktu dahar soré, rék jam sabaraha waé daharna, kudu nyampuran sangu ku uyah nu geus meunang ngajampéan Ma Tisah. Teu kudu loba, dalah sacomot leutik gé geus cukup.

Ngan kasakit méncrét nu minangka sarua ubarna téh. Boh keur budak boh keur kolot ubarna ku hulu konéng dicampuran ku mamanilan. Dirieus, dicampurkeun. “Naplokeunana mah dina parinikan nu gering,” cék Ma Tisah.

Nya kitu téa, numutkeun Ma Tisah, ubar kampung mah dianggap ridu, barangga, malah sakapeung mah sok diaangga jorok. “Kantenan pami bahan pilandongeunana kaleresan teu nyampak mah, atuh kedah néang heula ke leuweung,” cék Ma Tisah. Matak pantes meureun réa nu leuwih milih ubar warung, da leuwih babari.

Kari dina perkara miara orok, adat Kampung Naga nu sok dimumulé téh. Ieu gé teu sagemblengna kétang. Sabab kaayeunakeun mah nalika lahir téh sok dirawatan ku bidan. Ngahaja diondang ka éta kampung.

Malah dina mangsa di kandung kénéh kaséhatan budak geus diperhatikeun. Contona nalika kandungan nincak umur tujuh bulan, sok diayakeun sukuran. Minangka bubuka, peutingna sok ngaraji Qur’an. Nu ngajina tujuhan. Bari nyanghareupan kembang tujuh rupa, belut hiji, katut lauk emas sagedé curuk hiji. Belut jeung lauk disawadahkeun kalayan misah jeung wadah kembang. “Nganggé belut téh sangkan jabang bayi lahirna ngageleser kawas belut. Jadi séhat kanggé putrana, séhat ogé kanggé ibuna,” cék Ma Tisah.

Isukna. Kira wanci pasusubuh. Indung budak dimandian ku paraji. Caina maké cai kembang tujuh rupa, nu peutingna disanghareupan bari ngaji. Nalika mandi mah kembang tujuh rupa téh dihijikeun jeung belut katut lauk emasna. Nu kakandungan nyanghareup ka wétan. Nandakeun yén poé dimimitian di belah wétan. Tempat panon poé bijil isuk-isuk.

Tujuh kembang téh teu kudu angger unggal sukuran. Naon waé nu kapanggih. Kembang téh ayana di leuweung boh kaléreun boh kuloneun kampung. Ngalana sok ngadadak. Kira sapoéeun deui kana wanci sukuran. Nu diiwalkeun téh kembang babadotan jeung kembang jarong. Sabab kembang éta mah mérang. Jadi, sok hariwang bisi indung budak ararateul.

Miara orok diteruskeun dina mangsa lahir. Kiwari, nu mantuan ngalahirkeun téh geus teu langsung ku paraji, tapi ku bidan. Sanggeus lahir, orok diserahkeun ka paraji. Orok ditémaan kana ayakan kalayan ditilaman ku baju katut calana bapana.

Éta orok nu dina ayakan téh diparancahan. Marancahanna gampang-gampang susah cénah. Disebut gampang téh da saukur ngurilingan sapu paré gedé nu diduruk di hareupeun imah. Nu ngurilinganna, paraji jeung bapa budak. Paraji nanggeuy budak. Bapana ngagigiwing kalapa asak. Tilu kuriling mun budakna lalaki, opat kuriling mun budakna awéwé. Geus ngurilingan seuneu, bapana terus nalikeun kalapa asak kana tutunggul imah, bari mapatkeun kalimah nu geus matuh.

Minangka panutup upacara, budak téh terus di bawa ka imah. Paraji gancang néangan panon saré. Panon saré téh panon awi nu dipaké keur gagampar imah. Sirah budak téh diteundeun deukeuteun panon saré. Grug baé éta panon saré diteunggeul ku paraji. Kitu téh sapoé lebah sirah, saminggu lebah leungeun, sabulan lebah suku, tur sawindu lebah sirah deui.

Disebut hésé, sabab teu sakabéh jalma bisa migawéna. Ngan nu kasebut paraji wungkul nu bisaeun téh. Lantaran aya kalimah husus nu kudu dipapatkeun nalika ngurilingan éta seuneu. Tujuanna mah sangkan budak panjang umur, jagjag, séhat, tur jauh tina rupa-rupa balai.

Keur Ma Tisah mah kalimah-kalimahna téh minangka warisan ti karuhunna. Hanjakalna, Ma Tisah nu geus kolot téh bangun hésé nurunkeun élmuna. Lain lantaran teu boga turunan. Tapi anak-anakna ngarasa teu saranggupeun neruskeun indungna. Majar téh capé cénah.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s