Pentingna Kamus

Ku Rachmat Taufiq Hidayat

TARÉKAH pikeun maheutkeun jeung nyebarkeun basa Sunda téh kudu dirarancang kalayan mayeng. Salian ti ku atikan katut pangajaran, ogé ku tulis tinulis rupaning buku widang tata basa, éjahan, rupaning istilah, kasusastran, jeung nyusun tur medalkeun kamus basa Sunda dina pirang-pirang wanda. Ku medalna rupaning wanda kamus, kabeungharan tur ajén basa Sunda diantebkeun dina widang leksikografi. Kapan dina budaya citak modern mah kamus téh minangka pakakas, lambang, jeung martabat hiji bangsa.

Kalumangsungan nyusun kamus basa Sunda téh karék hiji satengah abad, kurang leuwih, karéréanana éstining meunang usaha pribadi deuih. Mun nempo kana basa nu marenganana, copélna aya opat rupa kamus nu dipikawanoh, nyaéta Kamus Sunda-Inggris, Kamus Sunda Walanda, Kamus Sunda-Sunda, jeung Kamus Sunda-Indonésia.

Lamun dipaluruh tina sajarahna, “A Dictionary of the Sunda Language of Java” nu disusun ku Jonathan Rigg (ngawitan medal di Batavia: 1862) téh minangka kamus pangkolotna, Kamus Sunda-Inggris. Terus disusul ku S. Coolsma nu medalkeun “Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek” (1884, 1913, 1930), Kamus Sunda Walanda; jeung “Hollandch-Soendaneesch Woordenboek” (1910), Kamus Walanda-Sunda.

Ari Kamus Sunda-Sunda jeung Kamus Sunda-Indonésia mah dimimitian ku Rd. Satjadibrata nu medalkeun “Kamus Basa Sunda” (1948, 1954, 2005) jeung “Kamus Sunda-Indonésia” (1942). Saterusna F.S. Eringa nu nyusun Kamus Sunda-Walanda kalayan judul “Soendaas-Nederlands Woordenboek” (1984) milu ngeuyeuban. Pon kitu kénéh Rd. Rabindranat Harjdadibrata nu nyusun “Sundanese-English Dictionary” (2003), Kamus Sunda-Inggris.

Salila 40 taun (1930-1970), R.A. Danadibrata nyusun Kamus Sunda-Sunda nu judulna “Kamus Basa Sunda”, karék bisa medal taun 2006. Jigana, sapapanjangna aya nu nyusun kamus, kakara sakali nu dipigawé ku hiji tim katut dialpukahan ku Lembaga Basa jeung Sastra Sunda, nyaéta “Kamus Umum Basa Sunda” (1975, 1980, 1985).

Éta téh minangka tuturus pikeun kamekaran leksiografi modern basa Sunda. Parandéné kitu, éta ogé nu matak jadi kahanjelu sabab geus ngabolékérkeun héngkérna karancagéan urang Sunda dina urusan nyusun kamus. Éta wé nu ngamimitian téh urang deungeun, kayaning Jonathan Rigg (urang Inggris) katut S. Coolsma jeung F.S. Eringa (urang Walanda). Urang Sunda mah kakara puluhan taun sabadana bisa kitu téh, kayaning Rd. Satjadibrata, Rd. Hardjadibrata, jeung R.A. Danadibrata.

Leuwih hanjelu deui, salila ieu, can kungsi aya rarancang nu pantes pikeun ngarévisi rupaning kamus nu tadi. Padahal tumuwuh jeung mekarna basa sunda téh kapan sakitu gancangna. Lima nepi ka sapuluh taun ka hareup mah kamus nu aya téh pasti geus kasebut tingaleun. Ku sabab kitu, tanwandé masarakat bakal miharep kana medalna kamus-kamus basa Sunda nu anyar.

Kasebut tingaleun téh sabab réa kekecapan anyar, boh pangaruh tina basa deungeun boh pangaruh tina basa nu patula patali jeung widang kaélmuan, nu can didokuméntasikeun. Basa Sunda téh bakal terus mekar kénéh, luyu jeung kamekaran élmu pangaweruh katut masarakat nu makéna. Ana kitu, sanajan aya kamus édisi heubeul nu disebut pang lengkepna, tetep baé bakal tingaleun.

Miang ti dinya, Penerbit Kiblat Buku Utama, Universitas Padjajaran (UNPAD), jeung Pusat Studi Sunda (PSS); rampak gawé rék nyusun tur medalkeun Kamus Besar Basa Sunda nu dibéré judul “Kamus Utama Basa Sunda”. Demi nu jadi udaganana nyaéta undakna préstasi tur ajén basa Sunda luyu jeung darajat basa indung. Lian ti éta, pikeun nuyun masarakat kana wangun basa Sunda nu bener tur hadé deuih.

Mun di nagri-nagri maju geus mibanda kamus nu pikareueuseun, upamana urang Inggris boga kamus Oxford; urang Amérika boga kamus Webster; urang Prancis boga kamu Larousse; urang Walanda boga kamus Van Dale; jeung urang Indonésia boga “Kamu Besar Bahasa Indonésia”; moal lila deui urang Sunda bakal boga “Kamus Utama Basa Sunda”. Mugia.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s