Diajar ka Nyiruan

Ku Amin R. Iskandar

DINA taun-taun ka larung, kuring ngadaweung di saung. Nu disanghareupan téh kebon cabé. Lanceuk nu ngebonna. Dina kotakan sawah titinggal bapa. Kalan-kalan kuring sok mantuan “ngecor”. Ngecor téh ngabérak ku cara ngabanjurkeun cai bérak kana liang mulsa. Nu diliangan gigireun tangkal.

Tangkal cabé geus manjing kembangan. Cék élmu Biologi mah sangkan kembang jadi buah téh sok aya prosés “penyerbukan”. Hartina kembang dieunteupan ku nyiruan (lebah). Harita, kuring nyaksian pisan.

Hareupeun saung pisan nyiruan eunteup kana kembang cabé téh. Saliwat teu narik panitén kuring. Ngan ku lila-lila ditempo mah, asa beuki kataji. Éta geura salila eunteupna téh taliti pisan. Nyiruan can pindah tangkal salila dina hiji tangkal aya kembang nu can kaeunteupan. Dina sapoé teuing sabaraha tangkal nu dieunteupanana.

Nyiruan teu pulah-pilih. Rék kembang nu mekarna gedé, rék kembang nu mekarna leutik; kabéh dieunteupan. Naha pédah teu bisa ngabédakeun gedé jeung leutik? Palebah dinya kuring teu bisa kedal. Sabab teu bisa bahasa nyiruan.

Ras kana kecap kaadilan. Cék Poedjawijatna dina buku “Étika Filsafat Tingkah Laku” (1982), hartining kaadilan téh “pangakuan jeung palakuan kana hal anu sah”. Ari cék Islam, “kaadilan minangka kecap nu dilarapkeun dina nyaruakeun jatah jeung sikep nu teu mihak salah sahiji dina dua perkara”. Nyiruan nu katempo eunteup téh keur ngalakukeun kaadilan, meureun. Nyaéta nohonan hak sakabéh kembang ku jatah nu sarua.

Ahmad Gibson Al-Bustomi (Kang Icon) kungsi nyebutkeun yén kecap kaadilan téh keur mahluk wungkul. Salila iyana maluruh sipat adilna Allah, hiji ogé teu kapanggih dina al-Quran. “Allah teu boga sipat Adil, ngan Allah boga sipat rohman jeung rohim nu ngaleuwihan sipat adil,” kitu cénah kasimpulanana téh. “Dina al-Quran ngan aya ayat-ayat nu maréntahkeun sangkan manusa (mahluk) bisa adil.”

Salah sahiji ayat nu maréntahkeun manusa sangkan adil nyaéta dina surat al-Nahl (90). “Saéstuna Allah maréntahkeun (anjeun) milaku adil jeung milampah kahadéan, barang béré ka dulur, jeung Allah nyarék tina pagawéan nu teu lenges, kamungkaran, jeung mumusuhan.” Tuh, geuning surat “nyiruan” (al-Nahl=lebah) pisan nu dipaké keur maréntahkeunana ogé.

Enya, lain saukur cabé nu kembangan téh. Dalah manusa ogé sarua. Cék pari basana mah “nonoman téh kembangna bangsa”. Beuki lila beuki mekar. Tina kembang bakal robah jadi buah. Kembang ibarat nonoman. Buahna pamingpin téa. Dina sajak Arab apan diungkarakeun, yén “subbaanu al-yauma, rijaalu al-god”, nonoman ayeuna, pamingpin jaga.

Saumpama kembang cabé, kembang manusa teu katara mana nu bakal pijadieun buah. Kabéh kembang boga kamungkinan. Rék cacah rék ménak, sarua baé mungkin jadi pamingpin. Ngan, naha nonoman bangsa urang (Sunda) geus diasuh kalayan teu dipilah-pilah? Naha nonoman bangsa Sunda geus dibérak kalayan daria? Naha nonoman Sunda geus dieunteupan ku pamingpinna? Palebah dieu mah kuring téh bisa kedal. Sabab manusa nu diajak ngomongna.

Sok rajeun ngadéngé tur nempo, réa kaum cacah nu ngeluh sabab ngarasa teu diasuh. Rék sakola eungap ku waragad. Rék ilubiung dina pulitik teu diatik. Antukna ngalayah di unggal stopan. Mun teu ngamén, jadi baramaén. Malah aya ogé nu nékad gantung diri atawa nginum racun maéhan manéh. Di kampus UIN, kuring kungsi nempo layon budak nu ngagantung dina tribun lapang bola.

Hanjakal. Padahal, najan kuring teu kungsi ngitung tapi geus kairong, yén satengahna urang Sunda téh nonoman kénéh. Dihanjakalkeun téh sabab teu apal di nasib manusa. Boa tina sawatara nonoman nu jadi galandangan téh aya binih pipamingpineun nu hadé, jujur, tur adil. Pamingpin nu ka hareupna baris ngagantikeun pamingpin korup nu ayeuna. Dina sajarah Islam geus dipedar, sababarahiji nu jadi nabi téh asalna tukang ngangon domba. Nabi Muhammad kuanjeun salah sahijina.

Kalan-kalan kuring teu hélok lamun pamingpin teu kungsi eunteup ka rahayatna. Sabab teu kungsi ngebon, jigana. Nénjo nyiruan eunteup kana kembang ogé boa, da lolobana nyirekem di kantor dinesna. Tapi da asa pamohalan lamun pamingpin jaman kiwari teu kungsi dialajar mah. Éta geuning gelarna rupa-rupa. Laluhur deuih. Atawa, lamun kitu baé kalakuanana, naha kudu dikirim nyiruan sing loba ka kantor dinesna sangkan dialajar? Teu diajar ogé atuh sina ngasaan kumaha rasana diseureud ku kasusah.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s