Sieun Pamali Jeung Kawalat

Ku Amin R Iskandar 

“Teu saba, teu soba, teu banda, teu boga, teu weduk, teu bedas, teu gagah, teu pinter.” Éta kalimah téh tutungkusan Kampung Naga. Pituah karuhun nu nandeskeun pola hirup basajan; betah tur micinta lemah cai sorangan; akur jeung batur; teu adigung; teu boga rasa asa aing pangpunjulna.

Cacak dunya mingkin robah, generasi rayatna gonta ganti; pituah karuhun mah tetep pageuh. Da puguh éta hiji-hijina warisan. Teu diwaris pakaya. Tanwandé kudu dipiara pisan. Keur aranjeunna, taya alesan nu ngameunangkeun ngarémpak pituah karuhun.

Pituah nu sakalimah tadi tumerap dina sikep manusa kana alam; sikep jeung manusa séjénna; katut sikep ka pangéranna. Sikep ka alam éstu tarapti pisan. Pinuh itungan. Ati-ati. Teu sagawayah miteskeun dahan tangkal. Komo deui nepi ka nuar kai guluntungan. Kitu deui sikep kana satona.

“Peuntaseun wahangan aya leuweung larangan, teu aya nu kénging motongkeun dahan, kantenan nuar kai mah. Pami aya nu wantun, tangtos kenging sangsi adat,” cék Ma Tisah.

Di éta leuweung aya sirah cai, ngalir jadi dua curug. Teu kungsi saat. Wanci halodo mah jadi hiji-hijina sumber cai. Keur ngawatesan polah jelema, karuhun nyieun carita ahéng: teu meunang mandi dina wanci manjing magrib. Sabab bakal kasurupan.

Dalitna hubungan batin jeung alam geus aya ti jaman karuhun. Dina bahan wangunan imah waé geus ditangtukeun. Tihang imah kudu tina kai, awi, katut papan; dindingna ku bilik alias awi meunang nganyam; suhunanana daun nipah jeung injuk; gagamparna gé sarua maké awi (meunang ngabobok); kitu deui jeung babancikna.

Euweuh nu diiwalkeun. Cacak imah pupuhu RT katut imah kuncén gé sarua. Ulah dicét dihadé-hadé. Meunang dipulas asal maké apu warna bodas wungkul. Kitu deui jeung parabotna. Teu meunang ngayaan korsi, méja, komo deui tipi, radio, katut barang éléktronik lianna.

Imah manjang ti Kulon ka Wétan. Nyanghareupna ka Kidul atawa ka Kalér. Tempatna teu bisa pulah-pilih lahan. Teu abong lahanna lega. Komo deui ngahaja ngabébaskeun tanah batur kalayan maksa. Kudu hadé éntép sangkan ngeunah katempo. Najan gegeg tapi teu sumpek. Teu matak heurim nu ngaliwat. Kitu deui dina miara buruanna éstu resik pisan. Ulah sagawayah miceun sampah.

Ékonomi rayat gé teu leupas ti alam. Antara tatanén jeung melak lauk. Aya ogé nu nganyam ayakan, nyiru, boboko, karajinan hoé, jrrd. Kitu gé teu jadi andelan. Supaya teu huleng jentul teuing nalika ngadaweung di babancik, ari mulang ti sawah.

Na widang tatanén, rayat melakeun pare, jagong, sayuran, katut apoték hirup. Ari lauk, réréana mah lélé, lauk Emas, katut Guramé nu dipelekeun téh. “Nu hasilna mucekil,” cénah. Lauk séjénna gé sok rajeun dipelak. Ngan teu réa.

Ngalakonan kagiatan ékonomi téh lain keur ngabeungharkeun sorangan. Lain keur ngumpulkeun pakaya. Tapi keur nohonan kabutuh hirup sapopoé. Asal aya bekel hirup. Bisa dahar soré jeung isuk. Waragad sakola deuih mun boga budak nu disakolakeun mah.

Miara alam téh keur kalumangsungan hirup manusa kénéh. Ngaruksak alam ngandung harti ngondang balai. Sabab warugan lemahna miring, diwatesan ku walungan, katut diapit ku gawir-gawir nangtawing. Longsor jeung banjir mah rawan pisan. Lian ti kitu, pibahaneun imah gé bakal ngurangan. Hartina, Kampung Naga téh bakal tilem.

Wangunan imah basajan téh mawa akur jeung tatangga. Teu sieun mun kaunggahan. Guyug jeung batur. Tulung tinulung. Da puguh euweuh nu ngarasa leuwih punjul. Cacak kitu, lain ngandung harti sagala rupa nu saréréa. Aya pangabutuh ka batur mah tetep kudu bébéja. “Nya kedah amit méméh mipit, kedah ménta méméh ngala,” cék Ma Tisah. “Jadi taya bangsat komo koruptor.”

Ari papaséaan mah sok rajeun aya. Ngarana gé manusa. Ngan sikep jujur jeung wani adu hareupan, gancang nyieun hadé deui. Sakur masalah langsung diomongkeun. Teu meunang jadi bahan adu rényom balaréa. Tempat méréskeunna di luar pakampungan.

Kampung Naga téh boga hukum nu teu ditulis: pamali jeung kawalat. Duanana gé saklek pisan. Lumaku keur sakabéh widang kahirupan. “Sadayana gé da sieun keuna ku pamali sareng kawalat di dieu mah. Tara aya nu ngarémpak katangtosan karuhun. Da kawit murangkalih gé tos dipapagahan,” cék Ma Tisah daria.

Leuwih apik deui dina widang raraméan. Iwal ti angklung, beluk, jeung rengkong, urang Kampung Naga ulah nabeuh kasenian. Éta tilu modél kasenian téh minangka warisan karuhun. Kungsi di tabeuh di pakampungan. Tapi ari di luar mah meunang lalajo wayang, dangdut, jeung kasenian séjénna.

Taat kana katangtuan karuhun, sarua jeung nedunan paréntah Pangéran. Manusa, alam, katut satona sarua ciciptaan Pangéran. Kabéh gé amanat keur manusa. Kudu dijaga kalayan bener. Asupna kana ibadah. Mun taat meunang bagja. Mun mungkir, tanwandé meunang balai.

Ari tempat muja kanu Mahakawasa; Mahaboga; Mahaweduk; Mahabedas; Mahagagah; tur Mahapinter: lumangsung di bale nyungcung jeung imah karamat.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s