Jalma Gélo

Ku AMIN R. ISKANDAR

LAIN énténg-énténg nété tarajé dead line téh. Capé. Rawél dieu, rawél ditu. Remen salah rawél deuih da limpeuran. Kamari, keur ngareureuhkeun kacapé bari kekedengan, reup téh kasaréan. Karék gé sakerejep geus aya nu ngageuyahkeun.

“Gan, aya telepon,” cék pembantu. Solongkrong ngasongkeun HP.

“Angkat atuh! Ngaganggu ilaing mah.” HP ditampanan. “Hallo…”

“Tos dua sasih abdi téh ngintun seratan ka email majalah nu tipayun. Kumaha, katampi? Kaanggo?” cék nu di peuntas, ujug-ujug.

Uing ngahuleng. Lian ti lulungu téh da gawé gé karék sabulan. Boro-boro nyaho email nu baheula.

“Carpon, Kang. Judulna Jalma Gélo!” Nya nyentak nya teugeug nu nelepon téh.

“Jalma Gélo…! Jalma Gelo…!” Pokna deui. Angger teugeug.

“Ke, ke, dupi ieu saha? Ti mana? Teras… biasa wé atuh nyarios Jalma Gélo-na,” Uing rada ambek.

“Wasta Tutti ti Bojong Kincir. Owh… hapunten, Jalma Gélo… cénah, lalaunan. “Tuut… tuut… tuut…”

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s