Katineung ka Soeharto

Ku AMIN R. ISKANDAR

TANGTU lain pagawéan hadé ngadéngékeun batur keur ngobrol téh. Angot bari ngadéngdék-déngdékkeun sirah bakating ku panasaran mah. Tapi dalah dikumahakeun atuh, da dina angkot mah, najan lalaunan gé, obrolan batur téh sok kareungeu. Rék nyocokan ceuli ku hédsét, kabeneran teu boga. Dina bogana gé sok éra makéna kétang. Ari sipatna ceuli, béda jeung sipat panon nu bisa nyingkahan rupaning perkara ku cara ngabalieur.

Poé Rebo (18/07/2012), bet asa ku kabeneran, palebah Tegallega hareupeun Museum Sribaduga, tujuh urang ibu-ibu numpak angkot nu keur nganteurkeun ka Jl. Kopo. Der téh ngawarangkong. Abong tabéat kaon ibu (awéwé), meureun, mun geus ragot adu rényon téh sok teu maliré saha nya gigireun. Poho wé keur di mana-manana téh. Asal aya jejer, jadi! Bari sok rajeun teu puguh kalér-kidulna gé. Jigana ieu tulisan gé palias kitu.

Nu mimiti diobrolkeun téh sual iraha nya poé kahiji bulan puasa. Cék nu saurang: “Asa ku lieur ari pamaréntah nu ayeuna, nangtukeun bulan puasa baé meni nepi ka ramé. Jalma modél urang mah kapan boro-boro bisa nangtukeun iraha nya puasa?! Hayoh dililieur deuih.”

“Ah urang mah rék milu ka nu pandeuri wé. Mun lebaran mah rék milu ka nu tiheula. Jadi sakeudeung puasana,” tempas baturna. Ger atuh sareuri éak-éakan. Angkot téh jadi jiga nu maranéhna.

Baturna deui mairan: “Rarasaan jaman Soeharto mah da tara kieu. Rék nu kitu rék nu kieu tara ieuh minculak nangtukeun tanggal hiji puasa. Cék Soeharto poé anu téh, kum baé ka pamaréntah kabéh. Éta meureun sieun dikarungan! Kapan teu kaop béda saeutik jeung pamaréntah harita mah, maén téwak maén kerem. Teu kapok ku cara kitu mah dikarungan baé,” cénah nineung Orde Baru.

“Heueuh nya Soeharto mah da teu nyusahkeun rayat. Haharegaan tara undak unggal puasa gé. Nepi ka lebaran ‘harga stabil’ cénah. Ayeuna mah harga endog jeung daging hayam gé meni édan-édanan. Di pasar Kosambi mah nepi ka darémo tukang dagang daging hayam téh, sapoé teu daragang,” baturna nu lian nyaluyuan.

“Tong boro haharegaan di pasar, jaman Soeharto mah biaya sakola gé murah. Yeuh, abdi mah harita kagungan putra lima; nu dua sakola di paguron luhur, nu tilu deui di SMEA. Sadayana gé kabiayaan dugi ka tamatna. Ayeuna mah tong boro lima, nu boga budak dua gé can tangtu kabiayaan sakolana téh,” baturna nu geus umuran ngalokan.

“Ih…, tong boro kuliah atuh, dalah asup ka SMP-SMA gé ayeuna mah juta-juta biayana téh. Nu lima juta mah! Nu tujuh juta mah! Sakurang-kurangna mah meni matak jangar! Mangkaning barudak abdi mah laleutik kénéh, duka kumaha atuh ka hareupna?!” baturna nu rada ngora jejebris bari jebi.

“Éta cénah nagara téh loba hutang, bodo amat da pikiraneun pamaréntah éta mah. Bet pamaréntah nu ayeuna gé teu kurang-kurang ngahutang ka bangsa deungeun téh?” Baturna bangun beuki sebel.

Saterusna ngalor-ngidul. Bangun nu paagul-agul nyaritakeun anakna nu katarima di sakola papotir. Jep wéh sajongjongan mah angkot téh simpé. Ibu-ibu bangun béakeun piomongeun. Horéng, lebah Rumah Sakit Immanuél, jrut baé kabéhanana tarurun. Angkot mah bius baé mangprung deui. Nepi ka Kopo geus lain deui caritana, nu daragang cai nyampakkeun soal: “Ari puasa poé naon mimitina?”

Nya, kusabab ngadéngékeun batur keur ngobrol téh lain pagawéan hadé, ah rék dibagikeun baé. Éta cénah bisi jadi dosa? Urang saeutik séwang wé nya, wayahna! Geus kitu mah urang langsung silih lubarkeun baé, pikeun mapag sasih saum nu dimulyakeun ku Gusti nu Mahasuci.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s