Mangandeuh

Ku AMIN R. ISKANDAR

“NGAMBAH kebon entéh téh nyérédét haté baé. Rantengna akar gé lir ngantengna katrésna ka Julaéha. Reclakna cai ibun tina daun lir cimata katalangsara,” cék Sujana.

“Ari kitu, kunaon, Jang?” walon amangna.

“Nyéta, di dieu pisan nganyam katrésna jeung Julaéha téh.”

“Baruk? Kamana ari ayeuna?”

“Lapur. Jadi mangandeuh juragan déwan. Geus ganti sabarahiji boa. Éstuning sérab ku pangkat, kabita ku emas. Dunungan ninggang apes téh sajorélat baé luncat. Bélaan ngamurah-maréh manéh deuih. Amit-amit. Kitu geuning mangandeuh mah: sudat-sedot ibarat léntah, lutak-létak modél anjing!” huntuna kekerot.

“Hus, sing hatam diajar téh,” amangna ngagebés. “Ka kebon téh lain bobogohan wungkul atuh. Sakola ka tukang entéh! Mangandeuh mah kumaha nu ngolahna. Nu goréng gé bisa jadi hadé ari alus ngolah mah.”

“Ah, mangandeuh mah tetep mangandeuh. Émang aya mangandeuh nu mangpaat?!” Sujana keukeuh.

“Tuh, mangandeuh entéh!” amangna teges.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s