Maok Kanyaah

Ku AMIN R. ISKANDAR

BÉDA ti sasari Ani téh. Biasana mah balik ti sakola téh marahmay. Atoh da aya nu haat bura-béré, boh cocooan boh kadaharan. Harita mah taya kahégaran pisan. “Kunaon hidep téh, Nyai?” Sujana, bapana, nanya leuleuy naker. Pantes rék leuleuy gé da eukeur mah anak hiji-hijina, meunang hésé capé ngurus sorangan ti leutik deuih. “Diseuseulan ku Salman.” “Har, pédah naon?” Sujana ngusapan sirah budakna. “Magarkeun téh abdi tos maok satengah kanyaah mamahna, nu sok masihan cocooan sareng tuangeun téa. Raos panginten gaduh mamah mah nya, Pa?” Sujana teu némbalan.

Isukna, palolohor Sujana ka sakola. Lain rék mapagkeun anakna, tapi hayang nyaho nu mikayaah anakna. “Sugan wé randa,” cénah. Barang loncéng ngélénéng, brul barudak bubar. Sakola poé éta lekasan. Ti kaanggangan, rentang-rentang aya nu ngadeukeutan anakna. Barang disidik-sidik, lenyap haténa ngalenyap. Horéng Julaéha, urut pamajikanna, indung Ani nu kayaah ka manéhna geus dipaok sagemblengna ku bapana Salman.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s