Pangbérokan

Ku AMIN R. ISKANDAR

REBUN-rebun. Sujana ngéngénténg kurung manuk, balap jeung meletékna srangéngé nu nété tarajé poé. Kurung manuk aya manukan. Manuk piit lima belas siki. Meunang mikat kamari. Sujana nguriling mapay-mapay pilemburan. Nanawarkeun manuk. “Dua rébuan,” cénah.

Geus ampir lohor. Tujuh pilemburan kaaprak. Manuk can payu kénéh, najan sasiki. Awak luut léét késang. Jibrug. Tuur leuleus. Ras kana jangjina ka Julaéha, nu peuting tadi dipondokan, kembang mamaras nu nagih pasini. Ras kana jelepeng waruga Julaéha, nu ngan katutupan simbut, rerencepan ditinggalkeun, inggis katohyan ku tatangga. Leketey leuleus satangtungan. Tikoro kahalodoan. Gék diuk handapeun tangkal waru. Jol lalaki tengah tuwuh.

“Tah dua puluh lima rébu,” cék éta lalaki sanggeus adu tawar harga. Panto kurung dibukakeun. Geleber sakabéh manuk haliber. Kalabur. Sujana reuwas. “Lima taun di pangbérokan, Uing hamo poho kana rasana,” cék éta lalaki. Léos indit, teu maliré deui Sujana nu colohok kénéh mata simeuteun.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s