Tunggul

Ku AMIN R. ISKANDAR

CÉK dina Kamus Basa Sunda karya Sacadibrata, tunggul téh hartina “bagian tatangkalan béh handap (sésa nuar)”. Lain saukur kungsi ningali, malah nunggul gé kuring mah remen. Nunggul téh nampolan atawa ngadékan tunggul, pisuluheun. Demi mirun seuneu, boh keur nyangu boh keur sakalieun siduru.

Siga nu sapira. Padahal ajénna gedé pohara. Kuring kungsi dicarék nunggul di gawir nu tangkalna anyar nuar, ku bapa (alm). Alesanana can aya tangkal keur gagantina. Saheulaanan mah akar tunggul téh keur nahan taneuh sangkan teu rugrug, cénah. Kituna téh bari ceb wéh melak deui, teu kungsi lila. “Tungguan nepi ka kuat akarna. Geus kitu tunggul bisa diala,” cék bapa, harita.  

Ti bubudak sok ngadéngé kecap tunggul nu dilarapkeun kana pari basa: “indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat.” Kituna téh bari ditungtungan ku papatah. “Poma sing nyaah tur nurut ka indung jeung bapa téh. Sing hampang birit mun diutuh étah,” cénah.

Tétéla népi ka kiwari éta téh nongtoréng kénéh dina ceuli. Ana dilenyepan, kecap tunggul di dinya tangtu boga hartina sorangan, mandiri. Pon kitu deui jeung kecap tangkal. Ari rahanyu artina salamet. Mun darajat mah sarua jeung bagja. Gedé darajat hartina gedé kabagjaan atawa pangkat luhur.

Manjing sawawa beuki ngarti. Kituna téh bari jeung nemu bukti. Tatangga réa nu hirupna tunggara, malah aya nu nepi ka cilaka. Cénah alatan wangkelang kanu jadi indung. Boh kalakuan boh omonganana matak nurih ati. Antukna disupata. Nyebut ngaran tatangga keur picontoeun mah teu hadé, nyutat tina dongéng wé nu nyaritakeun Malin Kundang dikutuk jadi batu. Amit-amit jabang bayi.

Kumaha jeung nu nurut ka indung? Naha enya bakal meunang karahayuan? Dina taun 2007, média massa geunjleung ku pacéngkadan rongkah. Amien Rais jeung SB Yudhoyono silih sangka korupsi. Tangtu pada-pada mungkir geus nuang artos haram. Enya da dina dugaanana ogé lain dituang ku sorangan, tapi diawurkeun salila kampanyeu. Apan pada-pada nyaprés dina taun 2004 téh? Sabab pada-pada embung éléh, nya silih tunjuk nepi ka susumpahan “demi Allah”.

Alesan Amien Rais wani kedal sumpah téh inget kana papagah indungna. “Tong ngabohong! Sabab mun ngabohong sakali, dua kabohongan baris nuturkeun. Mun ngabohong dua kali, opat kabohongan nu nuturkeunana,” cénah. Hanjakal éta pacéngkadan téh teu écés tungtungna. Teu kanyahoan saha nu bener, saha nu salah. Sabab anggeus dina waktu 12 menit, nalika Hatta Rajasa nepungkeun duanana.

Béda deui jeung BJ Habibie. Dina salah sahiji saluran televisi, éta mantan Présidén Indonésia téh kungsi ngadongéng. Salila nyuprih élmu teu wani narima béa siswa. Demi nu jadi alesanana téh indungna pisan. Padahal teu hésé meunang béa siswa keur nu pinter mah, modél anjeuna. Malah jul-jol nu nawaran, cénah.

“Nalika bapa tilaran dunya, kuring sadulur-dulur budak kénéh. Harita indung kedal jangji gigireun layon bapa: ‘rék ngagedékeun barudak ku tarékah sorangan, rék dianteur nepi ka saruksés.’ Ti harita indung téh sok dagang goréngan, ngider. Kalan-kalan buburuh. Naon baé pacabakanana, asal meunang duit. Parendene kitu kuring teu wani narima béa siswa. Sok sieun nguciwakeun jangji nu jadi indung,” cék Habibie, kurang leuwih.

Ieu mah écés katara pamustunganana. Ganjaran tina ngahargaan jangji nu jadi indung téh lain baé mawa karahayuan, malah bari jeung najungna deuih. Di urang mah apan nu munggaran boga idé nyiptakeun kapal. Otakna dipaké ku nagara Jérman. Najan teu kitu pangajénna ti nagara sorangan mah.

Mun carita novél bisa dijadikeun référénsi, indung tunggul rahayu téh lain di urang baé. Keur urang Cina ogé bisa jadi sarua. Dina novél “Gelang Giok Naga” karya Lény Hélléna, A Lin pageuh pisan nyepeng omongan indungna. “Urang pohara masakatna nepi ka ngangluh minangka banda nu teu bisa dipiboga dina pirang-pirang kaayaan nu ngagencét,” cénah.

Dina éta carita, A Lin téh wanoja umur salapan taun nu sasatna dipiceun ka Indonésia, awal abab 20-an. Demi bekelna omongan tadi nalika rék pipisahan. Saleuwihna raksukan nu nutupan awakna. Teu duit, teu kadaharan, teu batur sadulur.

Anjog ka Indonésia, munggaran mah ripuh. Béak ku carék dunungan. Awakna sok disiksa deuih. Mondok gé jeung babi, pagigir-gigir. Pakéan ngan sasiki, mun meneran kotor téh diseuseuh terus dipaké deui, jajauheun kana dipoé heula mah. Hadéna teu ieuh ngangluh, sabab sieun nguciwakeun indungna nu teuing aya kénéh di kieuna.

Ditakdirkeun A Lin téh karagragan rahayu. Leupas ti dunungan teu lenges, terus jadi “nyai” urang Walanda. Urang Walanda mulang ka nagarina, A Lin kawin terus usaha. Singketna jadi ménak, sohor pang beungharna di tanah Betawi. Tanah lega, imah gedong, emas jeung berlian nepi ka kiloan; rahayu nepi ka nini-nini.

Enya, dina hiji katerangan ogé dicaritakeun: “Kanjeng Rosul ditaros ku salah sahiji umatna, saha nu langkung utama dipihormat? Bapa atawa indung? Kanjeng Rosul ngawaler: Indung anjeun! Indung anjeun! Indung anjeun! Terus bapa anjeun!”

Kumaha ari ayeuna? Harepan mah rahayu sararéa. Ngan, mun ngabadungan media massa, ayeuna keur usun kaom ibu nu korupsi atawa nyogok politisi. Beu!!! Sok ras tumanya kana diri: mun tunggulna kitu, kumaha atuh ari tangkalna? Kumaha anak-anakna deuih? Naha kaom bapa nu korupsi teu kungsi dipapagahan ku indungna? Pédah karasa ku sorangan, tong boro nyokot barang batur, hayang ka cai baé kudu bébéja.

Balukar tina korupsi téh cilaka bangsa sagemblengna. Teu rahayu. Ana kitu, réa koruptor nu dibui téh (jigana) balukar tina wangkelang ka indungna. Dikeresakeun teu jadi batu. Duka acan kétang. Boa?

Antukna mah rék kitu rék kieu, keun baé nu korupsi mah. KPK bagéanana. Urang mah balik deui kana tunggul kai baé. Mun sakalieun balik ka lembur, tunggul téh réa kénéh, najan tatangkalan mah geus nyarangan. Jigana éta nu ngalantarankeun pari basa tadi terus nongtoréng dina ceuli téh. Béda jeung di kota. Leuwih ti kitu, alam di lembur mah mawa karahayuan keur rayatna: teu longsor, teu banjir, teu hésé suluh.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s