Bedug Kulit Domba

Ku Amin R. Iskandar

BÉRÉLÉ, bérélé, sora domba jejeritan di kandangna. Kadéngéna bangun nu tunggara. Bangun nu ngararasakeun peurihna raga. Ana ditéang, horéng kulitna geus leungit, sakujur awakna. Puguh wé pangeusi lembur matak ibur. Babakuna teu nyaho saha nu boga. Nya silih tanya, tetelepék ka itu ka ieu, nepi ka meunang raratan yén domba téh nu Sujana. Pangeusi lembur beuki guyur. Magar, palias domba téh meunang maok. Pamohalan nu masakat kaduga boga domba. Ongkoh deui kakara sataun ayeuna Sujana téh insapna. Urut garong: tukang mabok raja padog. “Abong watek rampog, karék insap sataun gé mani géték,” cék nu ngaromong. Terus pada ngambéng. Pada ngaheueuhkeun. Nepi ka kadéngé ku pamajikanana. Atuh pohara ambekeunna. Pépédéngkréng. Néangan saha nu mimiti nyangka. “Cadu medu lain meunang madog. Éta mah hadiah pasanggiri ngadu langlayangan unggal soré, bari ngabuburit,” cénah. “Soal kulitna di kamanakeun? Téangan wé Sujana!” cénahna deui. Di séjén tempat, Sujana ngadukduk ngulitan bedug.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s