Haur

Ku YUNI ANDRIANI

1NGALA haur kaituh satangkal mah! Tong nu gedé teuing, asal aya keur tancebkeuneun dina kokocoran wé,” cék Mang Sujana nitah ka anakna.

Teu loba tatanya, gedok-gedok Sorin nuar haur satangkal nu ngahunyud di juru galengan. Terus diraradan, miceun saréngséngna. Geus beresih mah leunjeuranana, song wéh dibikeun ka bapana.

“Panjang-panjang teuing atuh ari ilaing! Pira gé butuh dua deupa, paling panjang gé,” cék Mang Sujana bari gedok neukteuk haur. “Jig tanyakeun masing ka urang lembur mana baé gé, lauk nu hadé mah ayana di lembur urang. Lauk Singaparna katelahna gé. Najan teu pati galedé tapi punjul dina rasa,” pokna deui bari nancebkeun haur dina kokocoran, jiga nu ngahaja nunjel talang.

“Naon sababna unggal melak lauk kudu nanceban haur, Bah?” Sorin tumanya. Tayohna mah balas ku teu kuat mendem kapanasaran. Éta atuh da unggal melak lauk gé teu weléh kudu nanceban haur dina kokocoranana. Dibéré awi séjénna mah teu kapaké, angot dibéré salian ti awi.

Sakedapan mah Mang Sujana téh teu ngajawab. Kalah léos muru nu iuh. Gék wéh diuk luhureun balukang, rinéh naker. Laju nyeungeut udud.

“Sok diuk kainyah. Geus waktuna meureun ayeuna mah didongéngkeun,” cék Mang Sujana.

“Perkara naon téa, Bah?” Sorin némbalan.

“Ongkoh tadi téh nanyakeun lin? Geus tong loba carita ka batur ayeuna mah. Kieu dongéngna téh,” cék Mang Sujana daria naker.

*

Harita téh pasosoré, kira wanci sareupna. Aki Komod nulak cangkéng na tambakan balong. Rebig nu nutupan awakna rancucut ku cai campur leutak. Tacan beberesih satutas ngabedahkeun situ. Bari napas ngahégak, Aki Komod ngarasa geus réngsé gawé. Aki Komod téh tétéla uyutna Sorin, akina Mang Sujana.

Lauk geus pindah kana waring, kabéh. Dipasangkeunana di balong kolong imah. Keun isuk deui ngajualna mah, ayeuna mah kari beberesih, terus reureuh; pikirna. Geus kitu mah léos wéh muru pancuran nu teu jauh ti dinya.

Karék gé nyat ti pancuran, tas beberesih, jol téh aya aki-aki anyar pinanggih nyampeurkeun. Pok manéhna ngomong,

“Réa kacida lauk téh, Ki?! Meunang meureun ménta saeutik mah, keur incu nu rék disunatan?” cénah jiga ka sobat dalit nu geus lila wawuh baé.

“Ari meunang mah komo wé…, atuh. Piraku rék ngorétkeun rejeki. Ngan wayahna, moal bisa méré ayeuna. Saperkara geus beberesih. Kadua perkarana geus rék peuting. Pamali puguh gé. Wayahna kudu daék nungguan nepi ka isuk. Ké, ké, ké…, ari Aki téh saha jeung nu ti mana téa ieu téh?” Aki Komod karék nyadar yén nu nangtung hareupeunna téh jalma anyar pinanggih.

“Katelah mah Dikarta, Uing téh. Asal ti lembur sabeulah.”

“Har…, naha jauh-jauh teuing lalampahan téh atuh, nepi ka kaburitan kieu? Geus wé urang unggah heula ka imah ayeuna mah, baturan kuring! Da ngan sorangan hirup téh, barudak geus pada arimah-imah. Ninina geus lawas tiwas deuih. Bari nungguan poé isuk! Lain hanyang lauk keur incu téa?” Aki Komod ngajak sémahna.

“Nya hadé gé kitu atuh. Sarua Uing gé keueung ari kudu balik ti peuting mah. Abong aki-aki atuh, loba kahariwang,” témbalna bari kalacat kana golodog. Blus wéh asup ka imah, nuturkeun pribumi.

“Sok kainyah leleson heula, Ki. Baé da sarua aki-aki ieuh. Anggap wé di imah sorangan, nya. Kuring mah rék ngaliwet heula, méh ngeunah ngadu bakona ké téh.” Léos Aki Komod ka dapur, tatahar keur liweteun.

Golédag wéh aki-aki nu ngaku Dikarta téh gogoléran na balé awi, diamparan busa butut nu geus nyampak, dibulen ku lamak nu katénjona beresih kénéh. Abong kolot nu geus lalampahan jauh, bangunna téh atoh naker manggih tempat pangrereuhan.

Kangaranan di pilemburan, najan geus prut-pray lampu gé, ari peuting mah tetep wé simpé. Komo deui ieu di imah aki-aki nu hirup nyorangan, taya radio butut-radio butut acan. Ngan sora cihcir jeung bueuk nu kalan-kalan ngebah kasimpé téh. Nya kitu deui dina peuting harita.

Liwet geus asak. Deluk dua aki-aki téh dalahar poyo naker. Pantes wé da pada-pada geus manggih kacapé; Aki Komod capé tas ngala lauk, ari Aki Dikarta capé pulang lalampahan jauh. Turug-turug liwet panas, sambel goang lada, asin jeung jéngkol; éstu nyari naker. Teu karasa, liwet sakastrol téh nepi ka ledis. Teu nyésa kerak-kerakna acan. Jigana, mun aya kénéh mah liwetna, dalaharna téh da moal buru-buru lekasan. Bangun nu teu maranggih kaseubeuh. Jéngkol téa atuh, najan bau tapi matak ponyo nyatu. Matak olok kéjo cénah, cék kolot mah.

Najan pada-pada capé, turug-turug dahar gedé, tapi Aki Komod jeung Aki Dikarta bangun nu teu maranggih katunduh. Duka api-api kétang. Éta wé buktina, rérés dahar der ngawarangkong, panca kaki bari ngadu bako. Blég pisan dua urang sobat lawas nu harita patepung deui.

“Sagedé kumaha incu téh, Ki?” cék pribumi miheulaan nanya.

“Umur opat taun,” témbalna.

“Saha ngaranna?”

“Sukmana.”

“Bungah jigana téh bisa nyunatan incu. Hanjakal Kuring mah can boga incu lalaki. Ti unggal bibit gé awéwé baé, incu téh. Dina bogana gé, engké ti nu bungsu nu anyar kénéh laki rabina, boa bakal kaumuran kénéh duka moal.”

“Ih, puguh wé…, atuh. Leuwih ti bungah malahan mah! Ngan duka nanahaon pibasaeunana atuh pikeun némbongkeun rasa nu modél kieu téh?”

“Heug atuh ari kitu mah. Isuk mah lauk nu galedéna téh rék dibahankeun wé. Béjakeun ka incu, itung-itung nyunatan incu sorangan kituh. Ti dituna mah hanyang milu bungah Kuring téh.”

“Nuhun wé saacanna. Da ari Uing mah, nu ménta, kumaha nu méré wé. Sapaméréan. Ku dibéré gé geus sukur, cacak urang téh kakara tepung lin? Komo deui diaku jeung disugemakeun kawas kieu,” cék Aki Dikarta.

Keur guntreng ngawangkong ngalor-ngidul kitu, lauk di kolong imah téh kadéngé pating kocopok. Nu gedéna mah gogojoboranna téh tarik naker. Motah bangun nu panggih jeung kasieun.

“Enyaan balotah lauk téh, Ki. Tah gojoborna gé mani motah kitu. Sing aruyek bangunna téh,” cék Aki Dikarta deui.

“Puguh wé réa mah da lauk sasitu atuh, najan sésa ngabagikeun. Éta wé ngalana gé nepi ka kaburitan,” Aki Komod mairan.

“Ku sorangan ngalana tatéh?”

“Moal enya katanagaan ku aki-aki héngkér modél kieu, ari ku sorangan mah?! Biasa wé kabantuan ku barudak.”

Gojobor deui sora lauk motah di kolong. Kitu jeung kitu baé sawatara waktu mah. Gojobor…, jep jempé. Gojobor deui, jep deui jempé. Nepi ka lila-lila mah jep pisan teu kadéngé motah deui. Euweuh ngocopok deui, najan nu pangleutikna. Pon kitu kénéh sora cihcir jeung bueuk, areureun teuing los ka mana.

Teu karasa peuting geus ngagayuh ka janari. Kerelek Aki Komod heuay. Lila-lila mah datang ogé pitunduheun téh.

“Mondok heula ah, Ki. Kuring mah apan isuk kudu nguruskeun deui lauk. Milihan nu gedéna keur Cép Sukmana. Sésana rék dijual. Bandarna rék ka dieu isuk kénéh cénah.”

Léos wéh Aki Komod muru ka pangkéng, rék saré.

“Heueuh, sarua Uing gé apan isuk téh rék balik ka lembur. Mangkaning jauh kénéh lalampahanana gé,” témbal Aki Dikarta bari golédag ngagolér na balé awi téa. Embungeun, diaku ka kamar téh.

Tayohna mah balas ku capé, Aki Komod téh. Éta wé hudangna téh kabeurangan. Lain pédah peuting teuing saré, da sasarina gé sok ngawayah, saréna téh sok mun deukeut ka wanci janari.

Di luar, panon poé geus carangcang tihang. Meujeuhna geunah mun dipaké moyan. Hayam jago geus kaliwat kongkorongokna. Iwal manuk dina dadahanan kai nu kadéngé récét téh.

Geus gembleng ngumpulna pangacian, Aki Komod kakara ulak-ilik néangan Aki Dikarta. Tétéla sémah téh geus taya dina tempat saréna. Paling gé kaluar, pikirna. Jrut wéh turun ka buruan, néangan.

Geus puguh sémah teu kapanggih, Aki Komod muru ka tambakan balong, rék noong lauk na waring. Ari bréh ari gebeg, Aki Komod reuwas lain di kieuna. Nangtung ajeg bari ngembang kadu. Lauk nu sakitu réana téh nyampak béak. Teu nyésa sapotong-sapotong acan. Kari waringna, hiji dua kaselapan ku sisit lauk.

Panasaran, jrut Aki Komod turun ka balong, maksud rék mariksa waring. Bisi aya nu bolong, cék pikirna. Geus dikitu-dikieu, sidik waring téh teu kua-kieu. Ngilikan ka balong, teu manggih lauk gedé deuih. Nu aya ngan lauk laleutik nu geus nyampak ti asalna.

Leng, Aki Komod ngahuleng. Reuwas ongkoh hémeng ongkoh. Ari rék nyangka ka Aki Dikarta, asa pamohalan bisa manggul lauk nu sakitu balotahna ku sorangan. Barina gé rék dipanggul maké naon atuh? Kapan sidik Aki Dikarta téh datangna teu mawa nanaon.

Tepung deui jeung wanci sareupna. Lauk taya laratanana, pon kitu kénéh Aki Dikarta. Jolna teu disangka-sangka inditna teu mihapékeun basa, éta aki-aki téh.

Rasa capé geus teu kaampeuh deui. Golédag Aki Komod ngagolér luhureun balé urut Aki Dikarta saré. Antara hudang jeung saré, Aki Komod ujug-ujug nénjo Aki Dikarta ngajega hareupeunana. Nyéh Aki Dikarta seuri, pok wéh nyarita,

“Hampura tadi téh balik rurusuhan, sieun kapiheulaan ku beurang, nepi ka teu amitan-amitan acan. Nuhun pisan laukna, katarima cék incu Uing gé. Ti danget ayeuna mah omat laksanakeun: mun melak lauk deui, lauk naon jeung di mana baé, tanceban haur palebah kokocoran, nya! Éta téh cicirén yén Aki mah geus méré jatah keur bangsa Uing. Hampura bisi teu panggih deui!”

*

Panon poé geus lempengan embun-embunan, basa Mang Sujana mungkas caritana téh. Manéhna omat-omatan ka Sorin sangkan rusiah karuhunna tong nepi ka diucah-acéh ka batur.

“Keun baé ari ka anak incu mah, jaga. Lain ku naon-naon, bisi cambal. Batur mah titah sing getén melak lauk wéh, jeung tong poho melak haur dina gawir,” cénah. Jung Mang Sujana nangtung, léos wéh balik. Sorin ngiciprit nuturkeun ti tukang.

Medal dina Majalah Sunda Midang sasih Juni 2013

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s