Nu Ngarupat

Ku AMIN R. ISKANDAR

DUKA teuing iraha, ti mana, jeung kumaha mimitina. Ujug-ujug sabiwir hiji baé. Lain ngan di lembur Pasirtungtung deuih, sumebarna téh. Leuwih lega. Geus meuntas ka lembur Pasirtengah pon lembur Pasirawal. Béja pabéja-béja baé jigana mah. Ti biwir ka biwir. Nu ngaliwat nepikeun deui bari ngaliwat. Katarima ku nu ngaliwat. Geus kitu mah teuing nu mana béja nu bener téh.

Ari béja nu matak ibur unggal lembur, jadi jejer unggal nu ngariung téh; majar ajengan Dulloh jalma sakti. Sual ajengan kahot, nu beunghar ku élmu panemu jembar ku pangabisa, boh élmu lahirna boh élmu batinna, sabenerna mah teu anéh. Teu kudu matak guyur. Geus réa buktina nu kasaksian ku sakumna urang lembur. Malah réa budak ngora nu ngahaja guguru. Merih diri jadi ahli warisna élmu guru.

Ari perkara ajengan Dulloh mah béda deui. Éstu taya nu nyangka ti anggalna. Éta wé, salila ngumbara ka lembur Pasirtengah téh ngan dipikawanoh minangka patani. Teu leuwih. Sapopoéna ngagugulung kariweuh mulak-malik taneuh. Disebut ajengan sotéh pédah sok ngawuruk ngaji di imahna. Bada magrib jeung bada subuh.

Nu guguru ka ajengan Dulloh mah berenyit wungkul. Kituna téh tara lila deuih. Bisa nalar rarakatan salat jeung maca Kur’an gé, lus-les teu embol deui. Entragan handapeunna wéh minangka murid gagantina téh. Kitu jeung kitu baé salila mangtaun-taun. Atuh élmu nu népa ka muridna gé ngan rarakatan salat jeung maca Kur’an. Piwuruk sangkan milampah pagawéan hadé dina kahirupan wéh, émbohna. Jajauheun kana ngajar ngaji kitab jeung nurunkeun kanuragan katut kasaktén lianna mah.

Ku sakitu gé geus bisa kabandungan saha saenyana ajengan Dulloh. Lain jawara. Lain ajengan kahot nu gedé pasantrénna. Lain pajabat nu luhur kalungguhanna. Da sakalieun rék dipercaya jadi ketua RT gé nampik sapajodogan. “Teu bisa,” jawabna téh. Singget. Panceg.

Puguh gé matak ahéng, sumebar béja ngeunaan kasaktén ajengan Dulloh téh. Pangpangna keur urang lembur nu geus lila sagulung-sagalang jeung anjeunna. Cék sakaol mah ajengan Dulloh téh boga élmu halimunan. Kieu nu ngadarongéng téh:

Dina hiji mangsa, basa Désa Pasirjejeg hajat pamilihan kuwu, ajengan Dulloh rék pada ngarogahala ku usung-ésangna unggal calon. Panyangka unggal usung-ésang téh bet alakur deuih; ajengan Dulloh geus ngahasut masarakat sangkan tong milih jagoanana. Jeung dina enyana atuh, da taya nu nyaho ajengan Dulloh biluk ka calon nu mana. Teu jiga ajengan séjén nu geus arécés sikepna, malah milu toh-tohan kampanyeu dina unggal pidato.

Méh unggal peuting, imah ajengan Dulloh aya nu ngepung. Patingsalingker di nu poék. Jiga nu bagilir kituna téh. Peuting ieu usung-ésangna calon ieu. Peuting isuk lain deui. Tapi da ari langsung ngontrog ka imah mah bangun teu waranieun. Kitu baé nungguan bongoh di luar. Di nu poék pantesna téh.

Kabeneran, dina maleman Jumaah kira wanci bada isa, ajengan Dulloh kaluar imah, muru kandang munding inguanana. Poho can marab munding tadi burit, tayohna mah. Duka teu kaburu alatan réa kariweuh baé, kétang. Kabeneran harita gé aya nu singsalingker. Dalapan urang bari jarangkung gedé.

Nénjo kitu, nu boga niat goréng téh bangun manggih jalan. Hayoh naluturkeun ka lebah kandang munding. Tapi tetep ti kaanggangan. Bisi ngagareuwahkeun dicerek deukeut imah mah, jigana. Terus ngawaskeun ti nu poék. Katénjo ajengan Dulloh nambrukeun jarami kana pamakanan.

Beuki lila nu ngincer mingkin deukeut. Ari geus deukeut pisan, bet matak hélok, nu ngepung leungiteun laratan. Dikuriling gé tetep nyamos, ajengan Dulloh teu timu. Tungtungna nu ngepung bubar sorangan.

“Harita téh, cénah, ajengan Dulloh cingogo tambakan balong. Tepi pira, kahieuman ku daun jambu. Sakitu bulak-balik nu ngaliwat ka lebah dinya bari nyarorotkeun sénter, da taya nu manggihan. Dasar geus mapatkeun ajianana wé meureun,” cék nu keur ngobrol di warung Ma Icih bari gogodeg.

Cék nu lian, ajengan Dulloh téh nyangking élmu pileumpeuhan. Rék jalma gagah sakumaha songongna gé, diteuteup ku ajengan Dulloh mah moal teu langsung ngeluk. Komo mun dihaok. Moal wanieun poporongos komo bari jeung bekna.

“Ongkoh harita basa Si Tuyul nyeungeut petasan deukeut imah Nini Erum, basa maleman lebaran téa ning, teu wanieun malik nyereng tah basa ajengan Dulloh ngambek téh. Kapan pada nyaho, euy, Si Tuyul mah saprak mulang ti Sumatra téh jadi paréman nu sakitu dipikagimirna. Teu kolot teu budak, sarua baé gigis ku si éta mah. Da watekna téh sahaok kadua gaplok, teu kaop kasigeung saeutik,” cék nu ngobrol deui di tempat séjén.

“Heueuh nya, euy, da harita téh ajengan Dulloh jeung nangtang sagala, ‘Sing maké uteuk wé atuh, euy, nyeungeut petasan téh. Kapan éta téh imahna nini-nini. Reuwasan deuih. Kumaha mun coplok jajantung? Jiga nu euweuh tempat séjén, nu leuwih lega! Déwék mah teu sieun éléh tanaga pédah manéh budak ngora tur kungsi meuntas lautan, deuleu! Bisi panasaran mah beunang dicobaan,’ cénah. Ari Si Tuyul, harita kénéh ménta hampura bari terus ngaléos. Nyeungeut petasanana gé dadak sakala eureun,” baladna mairan. Jep wéh duanana jarempé, bangun nu dipépéndé ku lamunan séwang-séwangan.

Béak jejer ajian jampé pamaké, bras kana jimat-perjimatanna. Majarkeun téh ajengan Dulloh mah beunghar ku batu nu nyangking kakuatan goib. Rupa-rupa deuih, boh warna boh bentukna. Beureum, hideung, kayas, coklat, bodas, péang, héjo, biru, belang, totol-totol. Nu buleud, lonjong, segi tilu, segi opat, nepi ka nu nyarupaan hulu raja leuweung. Kabéh ditataan taya nu kaliwat.

“Diwadahanana gé kana kaos kaki, deuleu! Pinuh deuih tatéh. Kapan kaos kaki mah meral bahanna gé. Komo ali nu nyarupaan hulu raja leuweung mah, mun tinggaleun di nu jauh atawa murag di jalan téh sok balik sorangan. Ujug-ujug aya dina pamidangan wéh ké na téh,” cék nu mawa béja.

Unggal wayah: isuk, beurang, soré, peuting; unggal tempat: di warung, di tampian, di sawah, di pangajian, di pasar, dina kandaraan; nu ngupat ajengan Dulloh bangun taya reureuhna. Taya bosenna. Taya béakna. Ganti poé beuki lega ambahanana. Ka kalérna terus ngalér. Ka kidulna terus ngidul. Ka wétanna terus ngétan. Ka kulonna nya kitu deui, terus ngulon. Meuntas lembur. Meuntas désa. Meuntas kacamatan. Meuntas kota. Nu henteu téh meuntas nagara wungkul.

Beuki jauh beuki réa bumbuna. Beuki payus basana. Beuki rekah kembangna. Beuki amis sarina. Beuki kataji nu ngabandunganana. Beuki teu kahontal tungtungna.

Lir panonpoé nu medal jeung tilem. Nu tadina ngomongkeun batur téh lila-lila mah ngésér jadi ngaromongkeun dirina. Babakuna mah kumaha carana sangkan bisa tepung jeung ajengan nu sakti kacida téa. Niatna rupa-rupa. Nu hayang saktén. Nu hanyang beunghar. Nu hayang tatamba. Nu miharep kalungguhan kayaning nyaleg, nyawalkot, nyagup, nyaprés. Nu hayang lulus-banglus nyorang ujian. Kabéh nyidem karep geusan nepungan ajengan Dulloh.

Mimitina mah kahayang tepung jeung ajengan téh nyumput buni dina ati séwang-séwangan. Taya nu betus ka nu lian. Éra tayohna mah ku tatangga, duméh jaman kiwari masih percaya ka nu kitu. Tapi dalah dikumaha deui atuh, da hirup sakitu dikubeng ku karipuh.

Lila-lila mah, da bingung rék ka mana nya pilampaheun geusan nepungan ajengan téa, nu dikemu téh mimiti mudal. Nu jauh mah ngamimitianana téh ku cara nanyakeun di mana lebah-lebahna panganjrekkan ajengan Dulloh? Naon sarat-saratna sangkan katarima jadi murid ajengan? Jeung réa-réa deui, sakumaha ilaharna nu panasaran mun keur tatanya.

Nu boga maksud tepung jeung ajengan nanya ka nu mawa béja. Nu mawa béja teu boga jawaban, nanyakeun deui ka nu mawa béja saméméhna. Kitu jeung kitu deui baé silih téma. Silih pihapékeun. Kabawa ku nu ngaliwat, nepi deui ka nu ngaliwat. Teuing ka mana deui losna tah kalimah kapanasaran nu dipihapékeun téh.

Heuleut sawatara waktu, jol deui aya béja nu patéma-téma. Jejerna tacan ingkah tina urusan ajengan Dulloh. Sarua teuing iraha, ti mana, jeung kumaha mimitina datangna téh. Ujug-ujug geus sabiwir hiji baé. Ari eusining béja téa, cénah, mun hayang tepung jeung ajengan Dulloh, saratna ngan hiji. Taya sarat nu kadua. Lain harta. Lain banda. Lain raja-kaya. Mun bener-bener boga karep sarta tékad nu kuat pikeun nepungan éta ajengan, saratna téh nyaéta kudu disorang ku cara badarat. Teu meunang tutumpakan. Rék nu deukeut rék nu jauh, sarua baé.

Ngadéngé éta béja, nu tadina boga sumanget ngagedur téh, sawaréh mah dadak sakala leumpeuh. Niatna teu kebat. Tungtungna bolay. “Jadol téh, paingan atuh arang nu nyaho sakti ti méméhna, da saratna gé beurat kacida. Jigana mah karunyaeun tah ajengan téh ka nu rék guguru ka manéhna, matak teu ngacirikeun manéh jalma sakti gé,” cék nu aral.

Nu teu peunggas harepan gé lain saeutik. Cék pikirna, teu kitu-kitu acan mah lain gé rék ngalap élmu nu luhung.

“Hayang pareng maksud mah kudu keyeng, deuleu! Moal samata-mata méré sarat, éta ajengan téh, mun taya jalma nu mampuh naékanana mah. Matak sakti gé ajengan Dulloh téh kitu meureun keur ngorana, mampuh nyumponan saratna jeung keyeng dina guguruna. Nawaétu wé, rék mangkat mimiti isuk mah!” cék nu tetep sumanget.

Bral wéh nu rék ngajugjug imah ajengan Dulloh téh miang. Teuing sabara urang réana. Tayohna mah sarua baé jeung nu bolay. Di jalan pareng guk-gok jeung nu muru lembur Pasirtengah, panganjrekan ajengan Dulloh.

Tadina gé lalampahanana téh kajurung ku béja, atuh salila lumampah gé teu weléh tatanya. Nu lumampah nanya ka nu sarua lumampah. Bruk-brak silih kedalkeun pamaksudan. Sanggeus pada sidik satujuan mah, najan béda paniatan, bring baé barareng. Nyorang leuweung, bras ka pasawahan, jol ka jalan raya.

Kitu jeung kitu baé nguah poé, béak minggu jeung bulan. Beuki deukeut ka lembur Pasirtengah, abringan beuki ngaleut ngabandaleut. Hantem katambahan ku nu patepung di jalan.

Ari jog ka imah ajengan Dulloh, nu ngabagéakeun téh awéwé tengah tuwuh jeung jajaka kasép naker. Nu awéwé panajikan ajengan, nu jajaka budakna. Sujana, ngaran budakna téh. Bungsu. Ari lanceuk-laceuk Sujana, tiluan, keur di karota. Geus pada-pada carekel gawé.

Nu carapé lumampah kacida bungahna, hasil cunduk ka nu dituju téh. Jarak nu sakitu jauh geus taya hartina. Teu handeueul cul kasab, cul kulawarga, cul harta banda gé.

Teu talangké. Teu maliré kacapé. Unggal sémah tanpa ondangan téh buru-buru ngetrok panto. Teu lila gé geus aya nu norojol ti jero. Ari panto muka, bréh katénjo di imah téh geus réa sémah. Sarua wé meureun sémah nu datang kabenyéng ku béja ahéng. Nu di jero kaluar, blus nu di luar arasup.

Ari gék dariuk, sémah téh disuguhan ku paroman pribumi nu bangun ngemu kajéngkél jeung kaambek. Kituna téh pantes da nu naramu téh bangun teu ngaritung waktu jeung bangun taya béakna. Sasat léos ieu jol deui itu. Leuwihna ti éta, pribumi téh ngarasa éra, sabab geus euweuh deui lalawuh suguhkeuneun, da kabéh gé sasat marawa beuteung kosong.

Ari nu pangpentingna, mana pribumi bangun nu ambek téh, balas ku teu nyaho nanaon ti dituna, ujug-ujug jul-jol baé tamu. Turug-turug ajengan Dulloh geus méh sabulan gering ripuh. Geus teu bisa beunta-beunta acan. Nu nyésa iwal engapan nu geus ngendoran.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s