Kapribadian Ganda Dua Jelema

16TJ21051006.pmdNU ngolébat dina pikiran mah, barang maca kecap “Bonéka” nu dipaké judul carpon ku Yuyun Yulistiani téh, “orok-orokan at. jejelemaan, cocooan budak” numutkeun R. Satjadibrata; alias “budak-budakan at. orok-orokan anu hampang pisan pikeun cocooan barudak awéwé” sakumaha saur R.A. Danadibrata. Mana horéng léokna téh kana harti “orang (negara dsb) yg hanya menjadi mainan orang (negara dsb) lain” versi Kamus Besar Bahasa Indonésia (KBBI).

Haneut kénéh carpon “Bonéka” téh. Tacan lila dimuatna dina harian Tribun Jabar édisi 17-19 Méi 2016. Ieu carpon nyaritakeun katugenah haté nu ngora salila nungguan kilir salaki.

Nu kagambar tina “Bonéka”, Yuyun—leuwih-kurang—sapamadegan jeung Ahmad Bakri dina Asmaramurka jeung Bedog Si Raja Pati (1988). Najan pada-pada geus laki-rabi, boh Ineu dina “Bonéka” boh Nonoh dina Asmaramurka jeung Bedog Si Raja Pati; tetep ngarasa hirupna sepi, jeung asa disapirakeun ku salaki.

Cara pangarang ngagambarkeun suasana haté Ineu gé bet siga nu kajiwaan pisan. Muka caritana baé ku kecap “jempling”, dipungkas ku lagu nu teuing geus sabara puluh kali dihaleuangkeun, nepi ka geus teu maké penghayatan deui, alatan ku bosen. Nepi ka lebah dieu mah pangarang téh ngabéjaan; yén diduakeun téh teu ngeunah—sok najan kasebutna jadi nu ngora.

Bisi aya patarosan kieu, “Ah.., teu ngeunah sotéh meureun mun diduakeunana dina kaayaan hirup di pakampungan, sangsara, jeung matak éra lantaran deukeut jeung tatangga, siga Nonoh?”

Ih, naha da Ineu gé hirupna mah di kota! Cicingna di perumahan nu arang langka wanoh jeung sasama, kadaharanna maké garnish, méja tengah imahna dipapaésan ku buket krisan. Sidik Ineu téh datangna ti kelas sosial “menengah ke atas” nu dalit jeung téknologi informasi saperti BBM.

Komo Arman mah, nyaritana gé sakapeung maké basa Inggris (it’s ok, dinner, no thank, amazing, fantastic). Malah, ku wanoh ka ngaran (Antonio Maria) Banco—juru lukis katurunan Spayol jeung Amérika—gé pituduh yén Arman téh intelék. Najan kitu, keur pangarang mah, kanyataan Arman urang kota jeung intelék téh lain alesan pikeun teu beukieun kana lodéh turubuk, oséng pakis, pais peda beureum, jeung daun putat. Najan dina émprona mah, nu pajar pesenan téh, teu ditoél-toél acan.

Ngaliwatan tokoh Ineu jeung Arman, pangarang siga nu hayang ngamunculkeun sosok jalma-jalma nu boga dua kapribadian. Ineu, upamana, geus puguh haté baruntak; tapi naha bet daék jadi nu kadua jeung maké terus nguatkeun manéh(?).

Geus puguh ari Arman mah, cék Ineu gé “siga nu kalem, nyatana kejem. Siga nu bengis, nyatana romantis.” Lian ti éta, ongkoh Arman téh urang kota, intelék, malah sakapeung mah ngomongna ogé maké basa Inggris; tapi lebah dahar mah karesepna bet kadaharan khas lembur. Boa, cék pangarang mah, nyandung ogé minangka gambaran ti jalma nu boga kapribadian ganda(?).

Tapi, di sagédéngeun éta, sigana pangarang kurang merhatikeun pentingna méré gambaran kahirupan sosial pakotaan nepi ka mangaruhan kana sikep dua tokoh éta. Malah gambaraan ngeunaan kasang tukang Ineu nepi ka sadrah jadi nu ngora gé, taya kelemeng-kelemengna acan. Ngan nu pasti, status Ineu jadi nu ngora téh teu dipikanyaho ku nu kolot.

Mungkin baé mana kitu gé pangarang loba teuing kapangaruhan ku karya-karya saméméhna nu maké téma sabudeureun dapur, sumur, jeung kasur. Jeung dina enyana deuih, carpon “Bonéka” mah miangna tina adegan popolah di dapur nepi ka papacang idangan, sarta eureun dina bab ngaderes cinta di kamar tidur.

–Midang dina Harian Tribun Jabar édisi Saptu ping 21 Méi 2016–

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s