Lalaki Ceuk Dua Pangarang Wanoja

16TJ25061006.pmdTILU minggu katompérnakeun, HU Tribun Jabar noron ngamuat carpon karya pangarang wanita: “Titis Tulis” karya Aam Amarullah (31/05—2/06), “Dalapan Kembang Ros” beunang Nyi Roro (7-9/06), jeung “Nyandung” karangan Bune Upik (14-16/06).

Naha éta téh nyirikeun taya pangarang pria nu ngirim naskah? Atawa mémang ti antara carpon nu nyampak di redaksi nu pantes midang téh carpon karya pangarang wanita?

Wallohu a’lam. Lebah dinya mah ngan pihak redaksi nu terang. Ngan nu écés, leupas tina urusan ajén sastrana, pangarang Sunda ti kalangan wanita—nu pajar teu réa—téh mingkin narémbongan. HU Tribun Jabar minangka média nu milu ngipukna deuih.

Tina tilu carpon nu kasabit di luhur, dua carpon terahir lir méré gambaran kamandang kaom wanita ngeunaan kaom pria. Upamana, cék Kinanti (wanita) dina “Dalapan Kembang Ros”, Naya (pria) téh “bosaka” alias bogoh ka sasaha. Geus puguh Dani mah, “Nyandung”. Cohagna, pria téh teu satia ka hiji wanita!

Enya, carpon “Dalapan Kembang Ros” jeung carpon “Nyandung” téh boga jejer nu méh sarua. Tapi da dina cara nepikeun kamandangna mah béda.

“Dalapan Kembang Ros” mah togmol. Langsung baé medar lalakon hirup Naya nu bogoh ka itu-bogoh ka ieu. Wanoja urang Jakarta wungkul aya kana opatna urang, bébéné Naya téh. Kabéh kungsi dipahugi ku barang nu sarua; gambar dalapan kembang ros. Jeung di mana apél, Naya sok tumpak karéta ka stasion Gambir, di ditu terus nyusun rencana gilir.

“Nyandung” mah malibir heula. Pihak wanita, nu diwakilan ku Romlah, siga-siga ngadukung ka kaom pria dina urusan midua rumah tangga. Kasang pangarang minangka guru di lembaga atikan Islam, méré warna anu kuat ka tokoh Romlah. Kapan peranna gé jadi ustadzah. Paséhat dina mesék eusining surah.

“Diwenangkeun kanggo pameget kagungan istri dugi ka opat, upama teu sanggup, wenang gaduh tilu, upama abot, wenang dua, upama dua teu tiasa adil, nya cekap hiji baé (QS an-Nisâ’ [4]: 3),” cék Romlah. Anapon pikeun mustamina nu teu sapamadegan, Romlah ngalelemu, “Istri diwayuh kalawan rido téh surga ganjaranana ogé”.

Saterusna, naon nu ditepikeun ku Romlah lir ibarat du’a nu “malindes” ka dirina. Teu ku hanteu, Dani, salakina, bet hayang nyandung. Paingan ceuk kolot, sing ati-ati nya ngucap. Da saur Kangjeng Rosul gé “kullu kalam addu’a” (ari pirang-pirang ucapan téh mangrupa du’a).

Naha salah mun Romlah nepikeun dawuhan Allah? Ih, puguh gé henteu. Kudu malah. Asal ulah sulaya antara ucap jeung lampahna.

Tarékah pangaran dina mosisikeun tokoh carita jadi insan nu konsistén, satemenna nganteng kuat pisan. Nyaéta, sok sanajan Romlah kungsi sabil, batinna ngalaman perang rongkah; nya, antukna mah Romlah téh léah.

Hanjakalna éta tarékah téh “diruksak” ku alesan nu disodorkeun ku Dani nalika ménta idin pamajikan geusan ngawayuh. Hayangna nyandung téh lain keur kapentingan ibadah, tapi ngudag undakna darajat kahirupan dunyawiah. Duméh “bosen hirup kitu baé, ti taun ka taun taya pisan kamajuan. Banda pangaboga tong boro nambahan, nu geus aya gé kalah ka nungtutan ngurangan”. Enya, Dani geus percaya kana haréwos batur. Babakuna mah kétang lantaran héroy ka randa bahéndol nu pinter ngaropéa awak.

Geus kitu, lainna ménta “tanjakan kaagamaan”, upamana keun baé nyandung gé, ngan niatna lelempeng heula, ulah keur tujuan nambahan dunya barana—da piraku ustadzah Romlah teu mikir tepi ka dinya—ieu mah der kalah diheueuhan ku nataan kanyataan yén enya wé geus kawin deui mah kabéjakeun Dani téh téréh naék pangkat, Romlah mingkin réa ondangan ceramah, pon kitu kénéh salon Deuis beuki kakoncara. Mungguh ngabibita ka kaom pria atuh kitu mah.

Lian ti éta, nu ngarang gé heureut teuing lebah ngahartian konsép “adil” pikeun nu ngawayuh. Cék kuring mah Dani téh ngeunah teuing dianggap adil semet geus bisa ngabagi waktu: saminggu di nu kolot, saminggu di nu ngora. Bari dina émprona mah kapan Deuis nu maju nyiram nu meunang pangogo téh, béda jeung Romlah nu kudu “banting tulang” nyiar kipayah.

Mun tujuan carpon “Nyandung” pikeun ngébréhkeun kateumurnian motipasi lalaki nu poligami keur ibadah, beunang disebutkeun ieu carpon téh geus hasil. Najan keur wangunan kasustraan mah kalah jadi héngkér.

Anapon ahir kahirupan Dani anu tragis: pamajikan duanana gering, jabang bayi na kandungan nu ngora teu kapuluk, tepi ka Danina sorangan maéhan manéh; sigana bagian tina tarékah pangarang enggoning nungtun (nyingsieunan) sangkan kaom pria boga rasa satia. Togmolna mah, “Hé, lalaki, tong wani-wani poligami!”

Éta tarékah méh sarua jeung panutup carpon “Dalapan Kembang Ros”. Naya, si play boy téa, dibéré panyakit nepi ka sina teu walakaya. Terus diurus ku Kinanti—sobat sahaté nu teu kungsi silih kedalkeun eusining ati. Dipungkas ku kaputusan kolot Naya nu nitah kawin ka Kinanti. Mungguh siga nu nyarita, “Pamajikan mah cukup wé hiji!”

–Midang dina Harian Tribun Jabar édisi Saptu ping 25 Juni 2016–

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s