Nyungkelit

NU sok nyungkelit mah taya deui iwal ti haté. Ari haté manusa, saur Al-Gazali, aya dua wanda: haté lahiriah jeung haté batiniah. Haté lahiriah nyaéta wujud getih kimpel nu ayana dina kurungan iga.
Haté rohaniah mah sifatna métafisik; nyaéta perkara nu ngurung perasaan tur mampuh narima saniskara pangaweruh jeung kawijaksanaan. Sakapeung mah sok disebut acining manusa, da éta pisan nu ngabédakeun bangsa manusa jeung sato.

Matak, satungtung hirup, manusa mah moal bisa leupas tina perasaan: senang-sedih, resep-keuheul, cinta-cua. “Heuheuy jeung deudeuh,” mun cék Si Kabayan téa mah. Munding onaman, upamana, tara nepi ka ngakalakeun ka dununganana sanajan remen dipecutan gé; béda jeung manusa nu sok “keun siah-keun siah”. Anapon sato galak, sok ngamangsa nu lian sotéh da geus kitu nalurina.
“Urang ceurik nalika tepung jeung perkara nu matak sedih. Urang gé kadang sok nyakclakkeun cimata di mana nyanghareupan perkara nu éndah. Lebah nyaksian perkara nu lucu atawa goréng, urang seuri. Mungkin urang gé sedih lebah ngararasakeun kaéndahan lantaran sadar yén éta perkara téh henteu lana. Urang seuri deuih mun tepung jeung pangalaman goréng lantaran nyaho éta mah saukur heuheureuyan,” kitu cék Jostein Gaarder (Cecilia dan Malaikat Ariel. Mizan, 2008:21).
Tina sakujur manusa, iwal ti haté nu pangteukaopanana téh. Babari raheut tapi hésé cageurna. Najan lisan ngahampura, ka nu nyacampah upamana, can tangtu haté mah. Malah boa nyungkelitna moal kungsi cageur saumur hirupna. Geuning sok kadéngé kalimat, “Ngahampura mah Aing téh enggeus, ngan, tepi ka iraha baé ogé moal poho (kana dosa manéhna)”.
Enya, teu kaopan, haté mah. Nu jadi salaki, upamana, pira teu kaburu kapairan cai ku pamajikanana nepi ka téga teu nanya dua poé. Atawa sabalikna, pamajikan nu teu dibandungan caritaanana nepi ka saminggu nonggongan salakina. Pajar téh, “Nyeri haté!”.
Saéstuna Alloh geus méré ubar keur panyakit nyungkelit téh. “Jeung geura neda pitulung anjeung ku sabar katut (ngadegkeun) salat. Jeung saéstuna (tindakan) nu kitu téh kacida beurat, lintang keur jalma-jalma nu husu. Nyaéta jalma-jalma nu yakin, yén maranéhna bakal tepung jeung Pangéranna, jeung bakal marulang deui ka Mantenna (Alloh),” (Al-Baqarah : 45-46).
Cék tadi gé, jadi jalma sabar téh beurat. Tapi, kapan bisa diajar! Tah, keur contona, teu aya deui nu leuwih idéal batan kasabaran Kanjeng Rosul, Muhammad saw.
Dina hiji riwayat dicaturkeun: Di salah sahiji juru Kota Madinah, unggal poé Kangjeng Rosul dicacampah ku hiji nini-nini yahudi. Tiap ngaliwat ka hareupeun imah éta nini-nini, mun rék ka masjid, Kanjeng Rosul diciduhan jeung disia-sia, malah nepi ka dihina.
Lain kapok bari milih jalan séjén geusan ka masjid, Kanjeng Rosul mah kadon ngahajakeun. Tepi ka hiji poé si nini téh teu kasampak deui. Manan bungah, Kanjeng Rosul kalah ka nyalusur katerangan, “Ka mana ari si nini?” Salah sawios sohabat nginformasikeun réhna si nini keur gering parna. Jaba taya nu ngaulaan, da hirup nyorangan.
Énggal baé Kanjeng Rosul mulih, lajeng miwarang garwana (Siti Aisah) sangkan kuprak-keprek. “Badé ngalongok si nini nu unggal poé nyiduhan, nyacampah, jeung ngahina téa. Cénah, ayeuna nuju gering parna,” kitu saur Kanjeng Rosul ka garwana.
Duh, éndah kabina mun sakumna manusa, hususna umat Kanjeng Rosul, bébas tina “panyakit” nyungkelit. Meureun di antara manusa nu kaancikan sifat poho jeung salah téh bakal gampang silih lubarkeunana. Tong boro dipénta, teu dipénta gé geus ngahampura ti heula; sakumaha Kanjeng Rosul nyontoan umatna.
Tapi inget deuih, lain hartina urang bébas ngakaya sasama!
–Dimuat dina rubrik “Purnama Alam” Majalah Cupumanik No. 113 Taun X/No. 5 Januari 2016–

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s