Surélék keur Buya Syafi’i Ma’arif

KAHATUR, Buya Syafi’i Ma’arif, nu duka nuju di mana ayana.

Sampurasun, Buya.

Kumaha, Buya séhat? Tangtos mundut téh Buya aya dina kaséhatan.

Sateuacan dugi kana dedek angen nu baris didugikeun ka Buya, peryogi diuningakeun, réhna ngagutrut nyerat ieu surat téh ngahajakeun. Bélaan cul itu, cul ieu. Hapé nu biasana ngingkring (margi nada deringna sora jangkrik) gé ngahaja sina jempé (silent). Ari margina, hoyong husu nyerat surat. Alim kaganggu sanaos ku saniskara hal anu kalintang perlu.

Buya, jagat maya téh ayeuna nuju harénghéng. Salah sawiosna seueur nu ngupat Buya. Pajar Buya teu guyub jeung batur. Kantenan sabada narongton ILC, tadi wengi. Aya nu nyebat Buya téh bedegong, kokolot begog, ngérakeun, ngomong jiga politisi, pro ka jalma kafir, ngotoran ajén ulama, malah nu dugi ka ngafirkeun Buya gé aya.

Ari ieu surat, sanés badé ngabéla Buya. Ampun paralun. Da tangtos Buya mah teu meryogikeun pasukan “pembela”. Cék ijiran, Buya mah tos langkung ti samakta kana sagala rupi akibat tina naon-naon nu kaluar ngalangkungan lisan Buya. Atuh sabalikna, moal nyalahkeun deuih. Sanés babad sanés tanding atuh uing nu laip, sepi pangarti, tuna pangabisa; jauh tanah ka langit ari kedah nyalahkeun Buya nu jembar panalar mah.

Buya, duka ti mana holna rasa ajrih dina ati ka Buya téh. Dina panengah taun 2004, mangsa uing jadi guru di SMP Plus Qurrata ‘Ayun, Ibu Néni Nurachman nawisan, “Bilih badé ngadamel kartu tanda anggota Muhammadiyah, mangga sareng. Urang koléktifkeun”. Kitu kirang langkung pangajakna téh.

Teu ngantosan pangajak nu kadua, uing giak ngumpulkeun pasaratan. “Meungpeung pupuhuna Buya Syafi’i Ma’arif,” cekéng téh. Berekah, dugi ka ayeuna, tanda tangan Buya téh napel kénéh dina kartu nu tara ingkah tina lokét—sanajan uing gé teu pati nyaho naon fungsina, da tara dipaké éta kartu téh. Sigana, pami Buya teu kantos jeneng pupuhu PP Muhammadiyah mah, uing moal kungsi boga kartu tanda anggota Muhammadiyah.

Buya, rasa ajrih téh beuki kandel mangsa uing nincak paguron luhur, kuliah di IAIN Sunan Gung Djati, panengah taun 2005. Di sékretariat Pimpinan Komisariat Ikatan Mahasiswa Muhammadiyah (PK IMM), uing mimiti wawanohan jeung bukur pamikiran Buya. Kang Sukron Abdilah (ki lanceuk) beunang disebut cukang pikeun uing geusan meuntas ka jagat inteléktual téh; kaasup neuleuman sagara wacana nu diwangun ku Buya.

Dina panengah taun 2008, uing meunang ondangan ti kadang kanca IMM Yogyakarta. Cék éta ondangan, acara téh baris dibuka ku Buya. Ku ajrih-ajrihna ka Buya, uing maksakeun indit ka Yogyakarta. Tumpak karéta ti Kiaracondong (Bandung) ka Lempuyangan (Yogyakarta). Nyalira uing téh, Buya. Miang magrib tepi subuh. Lian ti kakara tumpak karéta, uing gé kakara harita ari indit ka Yogyakarta sosoranganan mah. Tapi da teu sieun sasab. Lian ti kitu, uing gé bélaan cul kuliah sababaraha poé. Hanjakal, Buya téh henteu jol. Panitia gé teu surti, sakitu didadarkeun ku naon mana uing bélaan ka Yogyakarta, tetep teu daék nganteur tepung jeung Buya. Lantaran hanjelu, acara téh ditinggalkeun. Uing balik deui baé ka Bandung.

Atuh sataun sabadana (2009), uing jadi wartawan salah sahiji majalah politik di Jakarta. Sakali mangsa haté kuat ka seseblakan; ningali lalaki nu ceplés pisan Buya dina Trans Jakarta, basa uing mulang ti Ménténg muru ka Cempaka Putuh Tengah. Ampir-ampiran ditanya ku uing téh, tapi diteleg deui da yakin sanés Buya. Kitu tah, Buya, kaajrih uing ka Buya téh.

Kumaha ayeuna? Kaajrih uing ka Buya teu pisan laas. Malah boa kalah ngandelan. Tapi poma, uing teu meunteun bener-salahna cariosan Buya. Da cék tadi gé kapan uing mah jalma laip, sepi pangarti, tuna pangabisa. Béda jeung batur nu palinter. Pamadegan urang dina nyanghareupan pasualan nu sarua gé can tangtu akur, can tangtu béda deuih; ongkoh tepi ka ayeuna gé urang téh can kungsi paamprok. Komo deui tepi ka ngobrol ngalér-ngidul.

Uing téh ajrih pédah Buya tetep renggenek dina pamadegan nu bener mungguh Buya ku anjeun. Sarua konsisténna jeung Aa Gym nu teu leupas tina 3M. Jati diri Buya téh teu jiga kapuk nu gampang kumalayang ka mana baé; gumantung kana arah gelebugna angin. Buya mah siga karang, nu tagen nanceb dina akar nu kuat. Teu paduli digedoran ku barang teuas ti ditu-ti dieu gé. Manan leupas mah, sigana, Buya téh leuwih milih ajur.

Dalapan bulan katompérnakeun, Buya, uing remen babarengan jeung dalang. Ieu mah dalang enyaan, lain kecap injeuman nu sok dipaké ku réporter télévisi bari konotasina negatif. Bulan kamari mun teu salah mah, cék éta dalang, Buya téh ibarat Pandita dina dunya pawayangan. Ari Pandita, béda jeung Resi; najan sarua luhung ku élmu-jembar ku pangabisa, Pandita mah geus tara ieuh kagoda ku dunya-teu miharep tahta. Pandita mah teu butuh ku massa. Hiji diwuruk loba dipiara. Atuh mun aya nu ngahina-ngakaya téh Buya mah moal butuh ku nu ngabéla. Barina gé panginten saur Buya téh, “Keun baé layanan teuing, sarua baé merangan nu pinter ku nu linuhung”.

Buya, uing ngarti, yén keur Buya mah—lebah dieu mah urang téh sarua—hiji kanyataan nu lumangsung sabudeureun urang téh ibarat bawang beureum; unggal dipesék unggal aya deui cangkangna, beuki jero mesékna rupa bawang téh beuki bodas-beresih, teu siga-siga bawang beureum. Ari Buya, tangtos teu sapertos jurumasak, manan aral mésék bawang mah mending langsung dicacag baé.

Hanjakalna, Buya,  Buya téh ilubiung kénéh di nagri anu can pati resep nampanan “gagasan”—utamana nu béda jeung balaréa nu leuwih réa. Da lamun enya nu disebut gagasan téh geus payu, meureun taun 2004 téh M. Amien Rais jadi Présidén éta nagri. Naha bisa kitu?

Ongkoh Buya terang ku anjeun, saméméh Pilprés 2004, M. Amien Rais medalkeun buku Selamatkan Indonésia; Agénda Mendesak Bangsa. Kurang kumaha bekénna gagasan dina éta buku téh. Uing gé nyaksian antusiasmeu kader IMM dina Muktamar di Lampung (duka taun sabaraha, hilap deui) nyanghareupan M. Amien Rais. Buku Selamatkan Indonésia; Agénda Mendesak Bangsa téh ledis, terus ménta ditandatangan ku pangarangna. Tapi lebah milih Présidén mah M. Amien Rais téh…, nya kitu téa. Matak basa Anies Baswédan ngajak “ngadu gagasan” dina hajat Pilkada DKI Jakarta, geus teg baé cekéng téh “piéléheun”. Sabaraha réa atuh di éta nagri nu beukieun kana gagasan?!

Buya, tantos Buya gé uninga, hiji persépsi masarakat éta nagri mah ngantengna téh kacida pondok. Ayeuna A, isuk-pagéto bisa robah jadi B. Buya émut kénéh kumaha ajurna FPI waktos ngadamel “Gubernur Tandingan” di DKI Jakarta? Nu ngécé-ngalédék-ngajejeléh FPI téh lain batur, dulur saimanna kénéh—ngan béda barisan. Ari Ahok, harita mah sakitu jadi “darling” sararéa. Média massa gé teu sirikna unggal usik ngondang Ahok. Ayeuna mah kapan geus malik-juralit-jumpalik.

Conto séjénna. Di nagri uing ieu mah kajadianana téh, Buya. Tapi tiasa janten dugi ka nagri Buya beritana. Émut kumaha ajurna Aa Gym waktos ngawayuh? Tong bujeng sareng batur, sareng garwana (nu kahiji) gé dugi ka kantos pipisahan—teras rujuk deui. Lah, seueur atuh kasus sanésna. Di DKI, H. Lulung nu sakitu garihal, malik deuheus ka Ahok. Atuh Yusrih Ihza gé ongkoh nya kitu téa. Sapertos kasus Anas vs SBY deuih.

Teu karaos geuing ieu surat téh tos ngambay, Buya. Neda Buya teu lepat sangki, uing mah nyerat surat téh sanés kanggé ngabéla Buya, sanés nyalahkeun deuih. Saur tadi gé uing nu laip, sepi pangarti-tuna pangabisa; jauh tanah kalangit ari kedah nyalahkeun kamandang Buya nu jembar panalar mah. Harepan uing mah Buya téh enya permana tinggal; tiasa ngiker-ngiker naon kajadian nu bakal tumiba siuk jaganing géto. Mugia Buya gé teu kaganggu kaséhatan.

Buya, hapunten, bilih seratan uing teu kahartos. Bahasana gé teu puguh lemes-kasarna. Nagri urang téh mémang tatanggaan, uing di Pasundan-Buya di Minang; tapi tangtos bénten basa indung panginten, nya.

Sakitu, Buya.

Surélék = Surat Éléktronik

Salam wanoh, pun,

 Amin R. Iskandar

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s