Surélék keur Buya Syafi’i Ma’arif

KAHATUR, Buya Syafi’i Ma’arif, nu duka nuju di mana ayana.

Sampurasun, Buya.

Kumaha, Buya séhat? Tangtos mundut téh Buya aya dina kaséhatan.

Sateuacan dugi kana dedek angen nu baris didugikeun ka Buya, peryogi diuningakeun, réhna ngagutrut nyerat ieu surat téh ngahajakeun. Bélaan cul itu, cul ieu. Hapé nu biasana ngingkring (margi nada deringna sora jangkrik) gé ngahaja sina jempé (silent). Ari margina, hoyong husu nyerat surat. Alim kaganggu sanaos ku saniskara hal anu kalintang perlu. Lanjutkan membaca “Surélék keur Buya Syafi’i Ma’arif”