Anteng Teuing Ngumbar Lamunan

trDINA carpon karangan Sri Guntari—nu midang dina HU Tribun Jabar tanggal 30, 31 Agustus nepi ka tanggal 1 Séptémber 2016—teu kungsi kasebut kecap “sisit” jeung “kadal”, ari lain dina judulna mah; “Sisit Kadal”. Enya da horéng sisit kadal di dinya mah paribasa.

Kamus Basa Sunda kénging nyusun R.A. Danadibrata, nyatet sisit kadal kalayan harti “euweuh milik, goréng darajat, goréng milik”; sabalikna tina paribasa sisit kancra. Tumerapna éta paribasa, saur R. Satjadibrata dina Kamus Basa Sunda, ka “jelema nu ngarasa goréng milik”. Atuh nu kakolom kana paribasa sisit kadal téh (meureun) bisa waé jalma nu saenyana mah hadé milikna, ngan pédah teu kitu cék pangrasana.

Nepi ka anggeus, teu pati écés saha saenyana nu keuna ku paribasa sisit kadal mungguh pangarang téh. Naha si tokoh kuring nu teu laksana kawin ka Andra, atawa Andra nu cilaka nepi ka palastra? Bisa jadi duanana!

Tapi mun ngagugu kana katerangan R. Satjadibrata téa, bisa waé nu keuna ku paribasa sisit kadal téh si kuring wungkul, kétang. Sabab, upamana, najan terus kawin ka lalaki nu bageur tur nyaaheun ka manéhna, rumah tanggana gé runtut rawut taya pisan kuciwana; boa haté si kuring mah tetep “ngarasa goréng milik” da keukeuh maskét ka Andra.

Sagédéngeun éta perkara, sakuringeun mah aya sababaraha bagian nu kurang kaharti tina carpon “Sisit Kadal” téh. Kahiji, kecap “raca” jeung “rangseb” dina kalimah: “… panonna raca karangseb kaca”. Saur R. Satjadibrata, raca téh “pinuh ku gurat-gurat nu teu puguh aturanana, sabab keuna ku barang teuas”; mun rangseb sarua jeung rungseb, “loba cucukna (daging tawés jst.)”.

Jadi, dina kontéks panon, henteu pas mun pangarang ngagunakeun kecap “raca” jeung “rangseb” dina sakalimah. Lamun nu raca téa kongkolak panon mah, lain bolana, masih kénéh mungkin. Naha? Sabab di antara sakabéh anggahota badan manusa, kongkolak panon boga daya répléks pikeun beunta jeung peureum nu kacida cepetna. Tong boro dina kajadian beus ragrag ka jurang, dalah sakalieun aya nu ngolébat ti kajauhan gé panon mah sok hideng miheulaan peureum, lin? Kajaba mun si korban saméméhna geus maot bolotot mantén, terus kakoét ku kaca mobil.

Kadua, dina paragraf kadalapan, kacaritakeun adegan nu nyeuleukeuteuk seuri, ari si kuring andéprok bari tatahar geusan ngistrika hareupeun télépisi. Disusul ku katerangan yén si kuring “geus meunang satengahna ngistrika baju keur saminggueun téh”. Pék wé pikir, ongkoh kakara gé tatahar tilam, tapi ngistrika baju mah bet geus meunang réa(?).

Katilu, bisa jadi ieu nu kawilang penting, nyaéta masalah logika katerangan waktu. Urang anggap baé waktuna poé Minggu. Naha? Aya tilu pituduh nu kawilang kuat. Kahiji, salaki si kuring nu sapopoé aya di imah. Kadua, si kuring ngistrika pakéan keur pakéeun sakulawarga saminggueun. Katilu, di antara pakéan nu diistrika téh “saragam sakola barudak katut saragam dines salaki”. Hartina, dina poé éta kulawarga si kuring keur peré: salakina teu ka kantor, budakna teu sakola.

Lebah mana atuh masalahna? Tangtu baé lebah tayangan berita dina télépisi. Cing, kira-kira, jam sabaraha éta berita téh holna? Anggap wé cenah jam tilu—da sétingna gé antara jam dua nepi ka jam opat—nyaéta dina program maneuh acara tayangan berita nu holna unggal sajam sakali ampir di unggal saluran télépisi. Nu matak teu kaharti, ongkoh si kuring téh manco hareupeun télépisi ti isuk jedur, naha atuh kakara meunang berita kacilakaan—nu lumangsung isuk-isuk—jam tilu?

Pangarang jiga nu poho—da piraku ari teu nyaho pisan mah—mun unggal tengah poé ampir sakabéh saluran télépisi boga program acara tayangan berita. Jaba waktuna leuwih lila, paling péndék gé satengah jam, cukup keur méré katerangan nu leuwih réa; béda jeung berita nu holna sajam sakali bari dina waktu ngan memenitan. Awak média piraku deui nepi ka elat ngaberitakeun!

Nyéta atuh pangarang “Sisit Kadal” téh anteng teuing nyaritakeun si kuring nu ngumbar lamunan. Coba mun leuwih ditél ngaguar sabab-musabab ragragna beus ka jurang. Kateranganana mah bisa ti saksi mata, aparat kapolisian, tim SAR, atawa ti saha baé nu luyu jeung bidangna; da korban mah taya nu salamet.

“Is, carpon mah da lain karya jurnalistik!” meureun aya nu nyempad kitu. Mémang bener! Ngan, sahenteuna, data nu holna tina produk jurnalistik beunang dipaké ku pangarang sangkan “tanaga” karanganana leuwih rosa. Teu kudu lega-lega, néros baé kana haliah infrastruktur, upamana. Miang tina éta musibah pangarang bisa laluasa ngasupkeun kritik, boh ka pamaréntah boh ka nu maké jalan nu (beuki) sarwa kurang sabar.

Sawatara taun ka tukang, di sababaraha titik ngajeblag spanduk “Jalan Mulus, Ékonomi Lancar”; tangtu aya poto icon-na ogé. Carpon “Sisit Kadal” mungkin pisan mun dipaké négasi keur kalimah dina spanduk téa—bari ngingetan deui nu gaduh pokalna bisi hilapeun. Enya, pikeun kalancaran ékonomi, jalan téh teu cukup ku leucir wungkul; tapi kudu lega (kateuteuari leucir gé ari macét can kaungkulan kénéh mah) jeung aman keur nu makéna.

Kumaha carana? Pedar baé yén musabab ragragna beus téh awak jalan nu heureut. Lebah tikungan, beus kabeneran perewis jeung beus deui. Sabab nyingkahan tabrakan, si supir méngparkeun laju beus, ngan orokaya teu katahan, beus kalah brus ka jurang. Atawa kumaha baé carana mah nu leuwih laluasa, asal pokona negeskeun yén sabenerna mah fasilitas trasportasi di urang téh can pati méré kaamanan ka nu makéna: pewasat, ragrag; kapal, titeuleum; karéta api, tiguling; mobil jeung motor sumawonna.

Tapi lain hartina lalakon antara si kuring jeung Andra kudu dipiceun. Maksud téh sangkan karya sastra teu mopohokeun dinamika sosial “kekinian” nu lumangsung di sabudeureun pangarang. Naon anéhna atuh teu tulus kawin gara-gara salah sahiji ti calonna midua haté, atawa bobogohan jeung si A ari kawin ka si B; padahal si A jeung si B téh sobat dalit.

Balas anteng teuing ngumbar lamunan deuih, pangarang pohoeun muter deui pakakas “pengaturan” panas istrika. Saméméh nimu berita nu pikangangreseun téh istrika disetél heula sangkan teu panas teuing. Logikana, meureun lila-kalilaan mah istrika téh jadi kurang panas. Mun hayang panas deui, perlu diputer deui.

Lian ti éta, pangarang kurang “daya humor”. Dina kaayaan ngalamun sakitu lilana bari ngistrika, piraku taya kajadian nu matak pikaseurieun? Nu leumpang aya titajong atawa nabrakna (upamana kana tihang), nu nyetir aya ngagaléongna, nu nulis aya ngacaprukna; dibéré ngalamun mah. Piraku nu ngistrika teu katodél pingping-pingping acan?

–Midang dina Harian Tribun Jabar édisi Saptu ping 17 Séptémber 2016–

Tinggalkan komentar