Katineung ka Soeharto

Ku AMIN R. ISKANDAR

TANGTU lain pagawéan hadé ngadéngékeun batur keur ngobrol téh. Angot bari ngadéngdék-déngdékkeun sirah bakating ku panasaran mah. Tapi dalah dikumahakeun atuh, da dina angkot mah, najan lalaunan gé, obrolan batur téh sok kareungeu. Rék nyocokan ceuli ku hédsét, kabeneran teu boga. Dina bogana gé sok éra makéna kétang. Ari sipatna ceuli, béda jeung sipat panon nu bisa nyingkahan rupaning perkara ku cara ngabalieur. Lanjutkan membaca “Katineung ka Soeharto”

Sieun Pamali Jeung Kawalat

Ku Amin R Iskandar 

“Teu saba, teu soba, teu banda, teu boga, teu weduk, teu bedas, teu gagah, teu pinter.” Éta kalimah téh tutungkusan Kampung Naga. Pituah karuhun nu nandeskeun pola hirup basajan; betah tur micinta lemah cai sorangan; akur jeung batur; teu adigung; teu boga rasa asa aing pangpunjulna.

Cacak dunya mingkin robah, generasi rayatna gonta ganti; pituah karuhun mah tetep pageuh. Da puguh éta hiji-hijina warisan. Teu diwaris pakaya. Tanwandé kudu dipiara pisan. Keur aranjeunna, taya alesan nu ngameunangkeun ngarémpak pituah karuhun. Lanjutkan membaca “Sieun Pamali Jeung Kawalat”

Awi Tali Kelas Hiji

Laporan AMIN R. ISKANDAR

KUMNA kadaharan kudu aya dagingan, kumna imah kudu aya awian. Tanpa daging urang bisa kuru sedengkeun tanpa awi urang bisa leungiteun katentreman jeung kabudayaan.” Éta téh kekecapan Pou-Sou-Tung, panyajak ti China, ratusan taun ka tukang.

Pentingna awi téh lain di China wungkul. Awi réa pisan gunana, keur karajinan, keur papaés taman, keur bahan wangunan, jeung kapereluan hirup sapopoé lianna.

Keur urang Paniis, Desa Mandalagiri, Kacamatan Leuwisari, Kabupatén Tasikmalaya, leungiteun awi sarua jeung leungiteun daging, leungiteun katentreman, jeung leungiteun kabudayaan. Sabab kasab réréana urang Paniis ukur ngaropéa awi. Cindekna karajinan anyaman awi. Lanjutkan membaca “Awi Tali Kelas Hiji”

Gunung Hawu Inggis Kari Lebu

Ku AMIN R. ISKANDAR

SAPANJANG jalan raya dibénténg ku batu warna bodas. Pabrik ngajéjér nepi ka daérah Citatah. Hawa karasa panas. Sabab cahaya matahari dibalikkeun deui ku warna bodas tina batu campur jeung haseup nu ngelun tina hawu pabrik.

Kéncaeun jalan ngajurungkunung gunung. Saliwat mah euweuh anu anéh. Saéstuna gunung, di mana-mana ogé sarua. Tapi mun ningali tukangeun gunung, réa jalma anu keur ngulangkeun martil mékprékkan batu. Malah aya béko, dipaké keur ngabongkar batu kapur.

Kitu kaayaan sabudeureun Gunung Hawu kiwari. Ieu téh ayana di Padalarang, Kabupatén Bandung Barat. Perenahna di lembur Lampegan. Mun disorang ti Bandung, ayana teu jauh ti Situ Ciburuy, anu kakoncara hérang caina tur laukna hésé dipancing. Lanjutkan membaca “Gunung Hawu Inggis Kari Lebu”

Waluh Siem

Ku AMIN R. ISKANDAR

Hareupeun imah aya balong, gigireun imah aya balong. Caina ngagenclang; nyacas bodas beresih pisan. Sok sanajan langsung diuyup di mana hanaang, jigana moal kudu neupi kakaracunan. Ciciren hirup di kampung, naon bae sagala ditancebkeun di sabudeureun balong. Lain kunaon-naon, ceuk kolot mah tunda poho; di mana hayang tinggal metik, ngala maksudnamah.

Gara-gara kolot, kuring jadi pipilueun sok tuncab-taneub mun aya binih naon wae gular goler. Masalah jadi jeung heunteu? Lain perkara manusa. Nupenting mah, daek jeung heunteuna urang pepelakan. Hiji mangsa kuring manggihan binih waluh siem di parako, nuceuk urang Cianjur jeung Sukabumi mah disebut lejet. Duka naon deui ngarana di daerah lainna; kuring can nyobaan maluruh. Teu mikir panjang, ku kuring di bawa ka pipir imah terus dipelakeun di tambakan balong; gigireun kandang domba. Dipelakeun gigireun kandang domba teh ngahaja; supaya kaberak ku tai domba. Jadi teukudu susah ngaberakan.

Enya we… waluh teh jadina subur pisan. Kusabab kitu, Ema nitah nyieun parangong. “Bae di tengah balong we,” ceuk Ema. Tong jangkung teuing meh babari ngala, tur sing lega meh manjang buahanna. Ah da kuring mah harita teh leutik keneh. Ti mana teuing kuring bisa nyieun parangong, jaba awi kudu ngala heula. Nya kuring teh teu ngagugu, kenbae sabuktina wae eta waluh mah, da loba tatangkalan sejen ker ngareuyna. Aya tangkal jamu, tangkal buah, jeung tangkal enteh.  Lanjutkan membaca “Waluh Siem”